بسم الله الرحمن الرحيم
Dina raraga ngambah kahirupan di ieu alam, diri teh aya nu ngatur, umur di ukur nafas di alas, atuh hirup teh teu bisa sakaba-kaba nuturkeun hawa nafsu ngumbar amarah. Malah supaya diri ulah katalanjuran, Alloh masihan pitutur jeung papatah oge panggeuing ku mangrupa Dilalatul Hal atawa Dilalatul Isyaroh. Saperti panon anu tadina bengras ayeuna jadi teu pati awas, awak anu tadina jagjag waringkas ayeuna jadi rarempo kawas kararas, kulit anu tadina cangker ayeuna jadi pareot jeung pias, buuk anu tadina hideung meles jadi ngeplak bodas, ieu kabeh mangrupa pitutur jeung panggeuing ti Alloh ka diri yen diri teh teu bisa walakaya, sakumaha dawuhan Alloh dina surat Yasin ayat 68 :
{ وَمَنْ نُّعَمِّرْهُ نُنَكِّسْهُ فِي الْخَلْقِ أَفَلَا يَعْقِلُونَ }
“Saha jalma anu dibere umur panjang ku Kami, Kami bakal ngabalikkeun kana warugana (balik deui ka budak / pikun), naha maranehna henteu baroga akal?”. (QS. Yasin : 68)
Tapi manusa dina narima ieu panggeuing teh aya nu teu bisa maca kana eta kajadian, dina harti teu bisa mikirkeun kana naon anu tumiba kana dirina, teu ngarasakeun yen eta teh mangrupa panggeuing ti Alloh ka dirina, aya deui anu bisa maca kana eta kajadian tapi teu ngajadikeun pitutur pikeun dirina, eta kajadian teh dianggap parobahan alam anu geus biasa.
Pangna manusa tara bisa narima kana eta pitutur jeung panggeuing ti Alloh sabab manehna boga dua panyakit anu euntreup dina hatena.
Lamun jalma mu'min boga ieu dua panyakit moal bisa narima kana Mau'idhoh jeung Tadzkiroh ti Alloh. Oge sabalikna lamun ieu dua panyakit leungit tina hatena pasti manehna bakal jadi jalma anu mulya dipayuneun Alloh SWT. Sabab manehna bisa narima kana papatah jeung panggeuing ti Alloh ku mangrupa Dilalah anu tadi.
Malihan Rosululloh parantos ngadawuhkeun yen teu aya deui mental anu panggorengna kajaba nu katerapan ku dua panyakit ieu.
Ari panyakit anu dua teh nyaeta :
1. Hirshu, hartina kadedemes diri kana dunya atawa sok disebut deui Hubbud Dunya.
Loba ajengan anu ninggalkeun masjid jeung madrasahna lantaran hayang nyiar kiyafah pikeun kahirupan dirina, padahal dirina masih keneh bisa dahar bisa make, padahal Sapalih para Ulama parantos nyaurkeun :
( بِئْسَ عَبْدُ الدَّنَانِيْرِ )
" Kacida gorengna jalma anu jadi abid dinar / dunya. "
Ari anu disebut Hirshu teh lain anu beunghar, tapi diri kadedemes atawa salawasna inget bae kana dunya, jadi sok sanajan jalma kokoro nyoso malarat rosa, hirupna lieuk euweuh ragap teu aya lamun bae hatena cumantel kana dunya, salawasna ngarep-ngarep kana dunya eta disebut Hirshu, tapi sabalikna sanajan hartana lubak libuk, bru di juru bro di panto lamun hentu kabawa dina hatena terutama nalika keur ibadah eta lain Hirshu.
2. Thulul Amal, hartina panjang cita-cita.
Lamun jalma boga pikiran atawa boga rasa yen hirup teh rek lila, asa jauh keneh kana maot, batur wungkul nu rek maot mah da diri mah masih keneh jauh, diri mah asa rek panjang umur, sabab diri masih keneh ngora, masih jagjag waringkas, nu kieu nu disebut budak leutik oge pantes sarta datangna ngadodoho henteu mere nyaho ti anggalna.
{ قُلْ لَا أَمْلِكُ لِنَفْسِي ضَرًّا وَلَا نَفْعًا إِلَّا مَا شَاءَ اللهُ لِكُلِّ أُمَّةٍ أَجَلٌ إِذَا جَاءَ أَجَلُهُمْ فَلَا يَسْتَأْخِرُونَ سَاعَةً وَلَا يَسْتَقْدِمُونَ }
“Ucapkeun ku anjeun, Abdi teu bisa mere madlorot jeung manfa'at kana diri Abdi kajaba sakumaha pangersa Alloh, pikeun saban-saban ummat aya ajalna, dimana datang ajal maranehna moal bisa nga-engkekeun jeung moal bisa ngaheulakeun sanajan sakeudeung. (QS.Yunus : 49)
Lain berarti diri ulah merhatikeun kana masa depan, lain ulah mikirkeun kana kahirupan nu jadi anak incu pikeun kahareupna lain ulah boga cita-cita jeung harepan, tapi eta cita-cita jeung harepan teh ulah matak mohokeun kana kapentingan diri pribadi pikeun bawaeun ka akherat, sabab diri moal salawasna kumelendang di alam pawenangan, pasti awal akhir bakal mulang ka alam kalanggengan, bakal dijagragkeun ka akherat. Kumargi kitu kudu bener-bener jeung soson-soson nyiapkeun bawaeun ka akherat, ulah ka bengbat ku tetempoan, ulah karayu ku syetan nu matak mawa diri poho ka pangeran.
Ijin share
BalasHapusIjin share
BalasHapusMangga..
BalasHapusIjin kopas boleh yah?
BalasHapusIjin kopas boleh yah?
BalasHapus