بسم الله الرحمن الرحيم
Aya tilu kalimah anu paten dina hate 'arifin, anu lamun leungit salah sahijina anu tilu maka henteu sah disebut 'Arifin, nyaeta :
1. Istiqomah, 2. Ma'rifat, 3. Muthmainnah.
Ieu urutan anu tilu teh pikeun jalma anuTaroqi, nyaeta jalma anu ngusahakeun diri pikeun ningkatkeun iman jeung kataqwaan ka Alloh supaya meunang kama'rifatan. Tapi lamun pikeun anu Tanazul mah, nyaeta jalma anu langsung dipasihan kama'rifatan ku Alloh bari dirina henteu narekah heula, urutannana teh ma'rifat, istiqomah jeung muthmainnah.
1. Istiqomah,
Naon anu disebut ku Istiqomah?. Nyaeta cepet lempeng dina bener tur angger, lain angger dina polahna tapi angger dina benerna. Sabab bener mah henteu angger, da' ningali kana Muqtadlol Hal jeung Muqtadlol Maqomna (situasi jeung kondisi), oge ningali kana taqdir anu keur karandapan, da satiap taqdir pasti mawa shirot (jalan anu kudu dileumpangan). Atuh lamun diri hayang istiqomah, maka satiap gerak langkah urang kudu diukur ku shirotol mustaqim (jalan anu bener, alias tugas jeung parentah Alloh). Ngan lamun ti kosewad kana salah geuwat tobat bari buru balik deui kana bener, da' kangaranan manusa mah aya bae tiba kana salah teh, jeung anu disebut wali teh;
" مَنْ تَوَالَتْ طَاعَتُهُ "
Anu terus-terusan tho'tna teh lain anu tara ma'siat jeung tara salah, tapi anu buru-buru tobat nalika dirina nincak dina salah. Jadi anu penting lain ulah salah, tapi narekahan sangkan diri salawasna cicing dina bener.
{ وَاسْتَقِمْ كَمَا أُمِرْتَ وَلَا تَتَّبِعْ أَهْوَاءَهُمْ }
“ Jeung kudu istiqomah anjeun sakumaha anu diparentah, sarta ulah nuturkeun kana hawa nafsu maraneh.” (QS. As-Syuro : 15.)
Ari ngalakonan istiqomah teh gampang-gampang susah. Gampangna pira oge ngalakonan parentah jeung nyingkahan ma'siat anu dicegah. Malah saur Alloh ge"Kami moal nyieun kahesean dina agama", ngan kulantaran aya syetan jeung nafsu anu ngaganggu, istiqomah teh jadi beurat jeung hese karasana. Buktina teu saeutik anu cicing gigireun masjid tapi langka nincak masjid, teu saeutik imahna anu deukeut ka pangajian tapi hirupna hare-hare teu malire malahan patojaiah jeung aturan agama.
2. Ma'rifat,
Saba'da diri istiqomah datang ma'rifat, caang hate ka Alloh. Muroqobah/rasa diri deukeut paduduan jeung Alloh, diri asa diteuteup jeung ditingali sarta didangu salawasna ku Alloh, atuh teu aya waktu pikeun ma'siat jeung doraka. Dina ayana ge isin, sabab rasa ditingali ku Alloh.
Ari usaha jeung narekah sangkan diri nincak dina ma'rifat eta penting. Da anu matak istiqomah oge jalma anu taroqi mah hayang dibere kama'rifatan ku Alloh, tapi ulah totojeran hayang ma'rifat. Sabab ma'rifat lain meunang kasab/henteu bisa diusahakeun, tapi usaha jueng pamasihan ti Alloh langsung. Atuh dipasihan ma'rifat nuhun, henteu oge teu naon-naon. Da ku henteu ma'rifat teh hentue matak jadi dosa, anu penting mah asal diri istiqomah. Ngan lamun henteu istiqomah hukumna doraka. Ari jalma anu geus bisa ma'rifat ka Alloh bakal meunang predikat Wali Alloh.
Sanajan urang lain Wali Alloh, lain sholihin-sholihin acan, tapi henteu aya salahna malahan alus lamun urang nincak kana jalan wali Alloh, susuganan dipasihan ma'rifat ku Mantenna.
3. Muthmainnah,
Ari cirina jalma ma'rifat nyaetamuthmainnah, hartina tengtrem hate tenang, anteng henteu tagiwur, henteu putus asa jeung henteu ngarasula lamun meunang balai jeung musibat ti Alloh, tapi bakal ditarima ku diri bari sobar jeung tawakal sarta henteu pegat istiqomahna. Nyakitu deui mun menang ni'mat jeung nugraha henteu matak jadi poho ka Alloh, henteu matak jadi ujub jeung takabbur, malah eta ni'mat disyukuran jeung ditarima tur dijalankeun sakumaha mistina. Tegesna hirupna teh estu bagja eling lara eling, henteu unggut kalinduan henteu gedag kaanginan, henteu leeh kapanasan jeung henteu luntur kahujanan, hirupna tetep anteng muroqobah.
{ أَلَا بِذِكْرِ اللهِ تَطْمَئِنُّ الْقُلُوبُ }
Lamun jalma hatena geus bisa mutmainah, maka dijamin ku Alloh bakal jadi abdina anu dipikaridlo sarta bakal asup ka Syurga, sakumaha pidawuhna :
{ يَا أَيَّتُهَا النَّفْسُ الْمُطْمَئِنَّةُ (٢٧)ارْجِعِي إِلَى رَبِّكِ رَاضِيَةً مَرْضِيَّةً (٢٨)فَادْخُلِي فِي عِبَادِي (٢۹) وَادْخُلِي جَنَّتِي (٣۰) }
"He anu ngabogaan nafsu anu tengtrem, kudu baralik aranjeun ka pangeran aranjeun kalawan mawa hate anu ridlo sarta diridloan ku Mantenna, jeung kudu asup kana golongan abdi Kami jeung kudu asup kana syurga Kami". (QS. Al-Fajr : 27-30.)
Leureus pisan pangersa ..he..he
BalasHapusIjhin share
Jadi kalimah nu paten disebut arifin ya🤔
BalasHapus