بسم الله الرحمن الرحيم
Ari anu kudu dipake modal jeung prinsip hirup, nyaeta ibadah :
{ وَمَا خَلَقْتُ الْجِنَّ وَالْإِنْسَ إِلَّا لِيَعْبُدُونِ }
“Teu pati-pati nyieun Kami ka Jin jeung Manusa kajaba supaya ibadah ka Kami.”(QS. Ad-Dzariat ; 56)
Ari anu disebut dina ieu ayat ngan dua, nyaeta jin jeung manusa, ari nu sajen mah ngan saukur jadi penghubung. Malaikat moal ditungtut perkara engke di akherat, sabab teu aya nafsuan. Sasatoan jeung pepelakan eta ngan sakadar jadi pelengkap jeung sarana hirup manusa pikeun ngambah ieu kahirupan, tapi manusa jeung jin ku Alloh bakal ditungtut di akherat tina sagala pagaweannana, sabab bongan baheula sanggup narima kana agama anu konsekwensina tina nyekel agama nyaeta kudu 'ibadah.
{ إِنَّا عَرَضْنَا الْأَمَانَةَ عَلَى السَّمَاوَاتِ وَالْأَرْضِ وَالْجِبَالِ فَأَبَيْنَ أَنْ يَحْمِلْنَهَا وَأَشْفَقْنَ مِنْهَا وَحَمَلَهَا الْإِنْسَانُ إِنَّهُ كَانَ ظَلُومًا جَهُولًا }
“Saestuna kami ngasongkeun amanah/agama kana langit, ka bumi kana pirang-pirang gunung, tuluy eta nu kabeh mungpang jeung sieun khianat (kana eta agama) nya manusa nyekel eta agama. Saestuna manusa eta anu dholim jeung anu bodo.” (QS. Al-Ahzab: 72)
Diciptakeunnana jin jeung manusa hirup dialam dunya teu aya deui kajaba supaya ibadah ka Alloh, lain berarti Alloh butuh kana diibadahan. Da rek aya nu ibadah atawa henteu tetep moal matak ngurangan kana kaagungan Alloh, ngan tugas manusa kudu ibadah, anu manfa'atna mah pikeun maranehna keneh.
Ari ma'na anu terkandung dina ieu ayat aya dua, nyaeta ;
1) Ibadahna kudu karana Alloh,
2) Alloh wungkul anu sah diibadahan.
Salianti Alloh teu sah diibadahan, teu sah dijieun pangabakti. Jadi teu meunang ngabakti ka indung bapa, ulah ngabakti ka nagara, ulah ngabakti katatangga, ulah ngabakti ka dulur jeung ka baraya, ulah ngabakti ka muslimin, eta mah ngan saukur gawe hade, sakumaha anu kaunggel dina surat An-Nisa ayat 36 ;
{ وَاعْبُدُوا اللهَ وَلَا تُشْرِكُوا بِهِ شَيْئًا وَبِالْوَالِدَيْنِ إِحْسَانًا وَبِذِي الْقُرْبَى وَالْيَتَامَى وَالْمَسَاكِينِ وَالْجَارِ ذِي الْقُرْبَى وَالْجَارِ الْجُنُبِ وَالصَّاحِبِ بِالْجَنْبِ وَابْنِ السَّبِيلِ وَمَا مَلَكَتْ أَيْمَانُكُمْ إِنَّ اللهَ لَا يُحِبُّ مَنْ كَانَ مُخْتَالًا فَخُورًا }
“Jeung kudu ibadah aranjeun ka Alloh sarta ulah musyrik ka Mantenna, jeung kudu gawe hade ka indung bapa, ka baraya, ka budak yatim, ka jalma miskin, ka tatangga anu deukeut, ka tatangga anu jauh, ka babaturan,ibnu sabil, jeung hamba sahaya, saestuna Alloh teu mikaresep ka jalma anu gumede jeung adigung asa aing” (QS. An-Nisa : 36)
Dikuatan ku ayat : { إِيَّاكَ نَعْبُدُ وَإِيَّاكَ نَسْتَعِينُ }
“Ka Alloh wungkul abdi ibadah jeung ka Alloh wungkul abdi menta pitulung”.
Jadi setiap nafas jeung renghap manusa kabeh kudu seja ibadah ka Alloh, ulah aya nafas jeung waktu anu kosong tina seja ibadah ka Alloh.
Naon ari nu disebut ibadah ?
Ari ibadah kabagi dua :
1. Ibadah Mahdloh, nyaeta ibadah anu langsung berhadapan antara diri jeung Alloh, rek bentuk fardlu 'Aen saperti puasa Sholat, munggah haji jeung sajabana. Atawa fardlu kifayah, rek wajib atawa sunat, rek ngalaksanakeun parentah Alloh atawa ngajauhan larangannana.
2. Ibadah Goer Mahdloh, nyaeta ibadah anu henteu langsung berhadapan jeung Alloh tapi make perantara nu sejen, saperti usaha pikeun nganafakahan anak pamajikan, ngome jalan, shodaqoh, ngurus budak yatim jeung sajabana anu dikaitkeun jeung diniatan ibadah ka Alloh.
Ku sabab bentukna ibadaht teh luas, maka timbul sababaraha syarat, nyaeta :
1. Pagaweannana kudu bentuk ibadah, seja ibadah jeung seja menta pitulung Alloh.
2. Pagawean anu digarapna kudu nincak dina Shirothol Mustaqim (jalan anu sakumaha kuduna ceuk Alloh), alias kudu cicing dina parentah Alloh jeung ninggalkeun anu dicegahna.
3. Hayang meunang Mardlotillah, migawe eta pagawean estu murni hayang meunang ridlo Alloh lain karana riya, ujub, takabur, sabab eta nu matak ngancurkeun kana jadina ibadah.
Atuh sanajan seja ibadah ka Alloh, tapi lamun lain dina shirotol mustaqim mah eta teu jadi ibadah . Kusabab kitu samemeh prak migawe hiji pagawean kudu ditingali heula, naha eta pagawean teh parentah atawa lain, gunduk-gunduk heula naon parentah anu aya dina eta pagawean. Saperti dina dagang:
1. Nyumponan pangabutuh nu boga barang supaya payu,
2. Nyumponan pangabutuh nu rek meuli,
3. Nyumponan pangabutuh diri sorangan pikeun nganafakahan pamajikan,
4. Nyumponan pangabutuh nu buburuh,
5. Nyumponan pangabutuh nu rek niat shodakoh, mere maweh ka fakir miskin.
Jadi tina hiji pagawean lamun diniatan seja ibadah kalawan nincak dina sirothol mustaqimna, maka bakal meunang sababaraha ganjaran jeung kahadean. Sekali mendayung beberapa pulau terlampaui.
Nyakitu deui dina pagawean-pagawean anu sejen oge kudu ditingali jeung dikumpul-kumpul heula parentah jeung lainna, lamun dina tani niat mere buruh kanu buburuh macul, kanu buburuh ngarambet, kanu buburuh dibuat, kanu moe jeung sajabana, jadi tina hiji bentuk usaha teh sajabana ibadah oge meunang ganjaran shodaqoh anu loba, oge keuna kana pidawuh Alloh :
{ مَا عِنْدَكُمْ يَنْفَدُ وَمَا عِنْدَ اللهِ بَاقٍ }
“Sakabeh perkara anu aya di diri anjeun bakal pegat jeung beak, kajaba anu dipake gawe hade ka Alloh eta mah bakal tetep”.(QS. An-Nahl : 96)
Pare tina hasil tani bakal beak, bati tina dagang bakal beak, dibeulikeun kana dahareun pibaueun, dibeulikeun kana pakean pielapeun, ari nu tetep jeung anu jadi sampeureun engke di akherat mah nyaeta anu dipake buruh gawe, jeung anu dipake jalan kahadean ka Alloh.
Lamun jalma migawe hiji pagawean bari keuna kana sakumaha syarat anu tilu tadi, eta jalma kaasup kana Ahli Shufi, da anu disebut Ahli Shufi teh lain anu tukang wiridan wungkul, tapi jalma anu sagala pagaweanana dikaitkeun kana tugas jeung parentah Alloh. Sedengkeun ari bentuk tugas jeung parentah Alloh beda-beda ka saban manusa ku beda-bedana waktu jeung kedudukannana, geuning nu digawe di hiji pausahaan oge beda-beda tugas jeung pagaweanana kumaha kedudukannana, aya anu nyekel administrasi, aya anu nyekel keuangan, aya anu jadi pesuruh jeung liana. Nyakitu tugas Alloh oge beda-beda, lamun ajengan jam 06.00 tugasna ngawuruk, santri tugasna ngaji, tukang dagang ka pasar, tukang tani ka sawah, lamun tukang usaha kudu usaha, malah haram ninggalkeun usahana, atuh lamun aya jalma ngaku-ngaku Ahli Shufi tapi ngalarang kana usaha, eta teh lain ahli Shufi tapi Mutasowwifin (jalma anu tatasawufan). Malah Syekh Zaenudin Malebari parantos nyaurkeun dina kitab Kifayatul Atqiya anu unggelna :
أَمَّا الْمُعِيْلُ فَلاَ يَجُوْزُ قُعُوْدُهُ * مِنْ مَكْسَبٍ لِعِيَالِهِ مُتَوَكِّلاً
“Ari nu boga kulawarga haram cicing / henteu usaha pikeun nganafakahan kulawargana.”
Kacida pisan bagjana lamun manusa salawasna hirup nincak dina parentah Alloh, kalayan niat seja ibadah ku milampah parentah jeung nyingkahan anu dicegah, bari dibarengan ku hayang meunang ridlo Alloh.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar