Tampilkan postingan dengan label Riyadloh. Tampilkan semua postingan
Tampilkan postingan dengan label Riyadloh. Tampilkan semua postingan

Senin, 07 Maret 2016

Saairiin jeung saalikin mangrupakeun pintu amal anu alus

KH. Khoeruman Azzam  I riyadloh wengi kemis, 17 Februari 2016
KH. Khoeruman Azzam I riyadloh wengi kemis, 17 Februari 2016
miftahul-huda.com
Status hirupna manusa mangrupakeun ujian ti Allah pikeun berupaya nempatkeun diri dina amal prilaku anu leuwih alus, anu akhirna di qobul jeung di tarima ku Allah. Maka kudu nyicingan dina maqom saairiinjeung saalikiin anu keur leumpang nyukcruk ngajugjug Ilahi. Kukituna kudu di barengan jeung hate anu eling ka Allah. Pidawuh Hukama:
لَا تَمْشِ اِلَى مَعَ رِحَالِ قُلُوْبِكُمْ وَلَكِنْ ارْحَلْ إِلَى الْمُكَوِّنِ
“Maneh ulah rek leumpang kajaba bareng jeung leumpang inditna hate, tapi kudu leumpang menuju Alloh”.
Ulah eureun dina makhluk tapi kudu berangkat ti makhluk menuju Kholiq. Tapi, makhluk tempat awal berangkat hate menuju ka Allah. Amal anu kie bakal jadi wasilah di jemput ku Allah, linggih dina maqom waashilin anu tepi ka Allah. Minimal amal henteu di tolak tapi bakal di tarima tur boga ganjaran ti Allah.

Penjelasan

Manusa di umbarakeun ka alam pawenangan jagat gorobyangan saling aplusan. Ieu teh mangrupakeun ujian ti Allah. Dawuhan Allah dina suroh al-Mulk ayat 2:
اَلَّذِي خَلَقَ المَوْتَ وَالْحَيَاةَ لِيَبْلُوَكُمْ اَيُّككُمْ أَحسَنُ عَمَلًا
Si euweuh tadina tas euweuh tuluy ngajadi si aya di ayakeun ku Allah. Ieu teh ujian ti Allah pikeun berupaya berprilaku dina amal nu terbaik, lain pikeun poya – poya ngalajur nafsu ngumbar amarah nganteur kahayang. Tapi istuning pikeun bakti ibadah ka Allah Robbul ‘Alamin.
Fungsi manusa anu hirup ngan sakie-kiena teh pikeun ibadah ka Allah. Lamun teu make umur nu ayeuna, rek iraha dei umur anu di gunakeun jang amal ibadah ka Allah? Lantaran umur ayeuna nu ngan sajorelat mah bakal jadi panantuan di masa nu abadi. Engke mah geus lain waktu gawe, lain waktu amal, tapi waktu narima resiko.
Lain Allah butuheun kana amalna hamba, da Allah nu maha beunghar teu butuh ku amal hadena manusa.
مَازَادَتْ فِيْ مُلْكِهِ وَمَا نَقَصَتْ فِيْ مُلْكِهِ
“Amal hadena Manusa moal matak nambahan kaagungan Allah, amal gorengna oge moal matak ngurangan kana kaagungan Allah”.
Pikeun mosisikeun amal nuhade, anu bakal di makbul ku Allah teh nyaeta amal anu nyicingan dina makom saairin. Saalikin anu keur leumpang dina parentah Allah, nyukcruk ngajugjug menuju Allah. Awak lempang kontakeun jarum hate mayun ka Dzat Allah sambungkeun jeung Wahdatul Maojud, ikrarna saalikiin :
حَيٌّ مَقْصُوْدٌ لَا إِلَهَ إِلَّا اللَّهُ حَيٌّ مَوْجُوْدٌ , حَيٌّ مَعْبُوْدٌ , حَيٌّ مَطْلُوْبٌ
Ieu nyambungkeun hate supaya kontak ka Allah, ikrar ka Allah. “Ya Allah lolowong sa-srekna diri nu keur di cicingan. Ya Allah pamolah anu keur dilakukeun ku abdi dina waktu anu keur nyampeur kadiri abdi ayeuna estu tapak damel gusti, teu aya kumangkeun ngabogaan kakuatan diri nu Allah, teumpat nu Allah, nu nakdirkeun pamolah”. Lajeung ikrar deui “ Ya Allah dina pamolah anu ieu abdi seuja ibadah ka dampal Gusti, teu aya anu di ibadahan ku abdi salian dampal Gusti”. Nyambung kana wahdatul ma’bud, kemudian ikrar anu ka tilu “Ya Allah abdi midameul seuja tumut parentah gusti miwarang ka abdi tangtu geus katembong proyekna adalah mangrupakeun proyek Allah”. Kemudian terahir ikrar teu aya nu di piharep ku abdi kajabi abdi ngantos ridlo gusti.
Tah lamun lumaku didadasaran ku eta, diri ges aya dina makom saairiin, aya dina makom saalikiin. Lamun teu kitu, eta mah amalna masih aya dinamakom Ghopilin padu teuleunyeung teu nyambungkeun heula hate jeung Allah. Maka amal nu kitu mah bakal di tolak Ku Allah moal boga ganjaran. Point-point nu nembe, mangrupakeun syarat di tarimana amal ku Allah, nu diseubatkeun ku ikhlas tea. Dimana tos ikhlas, maka bakal meunang pitulung Allah.
أَخْلِصْ نِيَّتَكَ فَإِنَّ عَوْنَ اللَّهَ بِحَسَبِ نِيَّتِكَ
Ikhlaskeun niat anjeun, pitulung Allah bakal bareng sarta anu ikhlas paniyatan nana”.
Bakal murubut barokah nu katarima ti Allah. Idzaa asyrokot bidaayatuhu asyrokot nihaayatuhu, dimana moncorong wiwitan maka bakal moncorong akhirna.Asyrokot bidayatuhu eta maa thulib tugas diri,asyrokot nihaayatuhu eta pertanggung jawaban ti Allah. Ulama Kubaro masihan papatah:
Ari masalah cicing, eta mah kumaha nu di asongkeun ku Allah. Lamun bae sirot nu di asongken ku Allah beuntukna ukhrowi, maka pek teumpuh ku jalan ukhrowi. Tapi lamun bae sirot nu di asongkeun ku Allah mangrupa beuntuk dunyawi, sabalikna kudu di teumpuh ku jalan dunyawi.
إِنْهِطَاتٌ عَنْ دَرْجَةِ الْعِلِيَّةِ إِلَى دَرْجَةِ الدَّنِئَةِ
Keur turun tina makom anu luhur kana makom anu reundah, hina. Lamun ku Allah di peurnahkeun beuntuk ibadah dina proyek dunyawi sapeurti kasab, dagang, tani, tuluy maneh hayang ngatur diri pindah kana makom mutajarridin pedah katembongna seunang. Akhirna manehna luncat sorangan ditinggalkeun eta proyek ibadah anu patali jeung proyek dunyawi neumpatkeun diri dina makom mutajaridin, etamah bisa-bisa termasukna ‘syahwatun khopiyyatun’, syahwat anu samar, syahwat anu katarumpangan jeung masih keneh kadorong ku kapeuntingan pribadi.
Kahade, dimana geus beres dina tujuan illallah meunuju mardlotillah, syetan teu weuleh rancing beurkecimpung milu impiltrasi kana hate boga syirik. Ieu teh ladang diri boga kakuatan, kamampuan leungit tina rasa meunang ku pitulung Allah, maka didinya kudu geuwat di konci hate.
لَا حَوْلَ وَلَا قُوَّتَ إِلَّا بِاللَّهِ الْعَلِيِّ الْعَظِيْمِ
Ieu teh estu ku pitulung Allah anu maha agung. Tos kitu eungke teurpanggil ku pidawuh Allah :
يَا أَيَّتُهَا النَّفْسٌ الْمُطْمَئِنَّة
Hei hamba- hamba anu teuntrem hatena ku kami”.
Maka nu geus beres amalna minallah, alallah, Ilallah mah nilai nafsuna teh geus jadi nafsu mutmainnah, nafsu anu geus teuntrem, nafsu anu geus ngarasa betah ku Allah. Lamun tos kitu, maka ku allah bakal di persilahkeun.
إِرْجِعِيْ إِلَى رَبِّكِ رَاضِيَةً مَرْضِيَّةً, فَاادْخُلِى فِيْ عِبَادِى وَادْخُلِى جَنَّتِى
Sok maraneh geura baralik, ku kami di dagoan ayeuna, maraneh rek baralik ka kami, maraneh rido mangeran ka kami, kami ge ridlo ka maraneh. Maka sok arasup kana rengrengan hamba kami, sok eusian surga kami”.
Aya papatah “pikanyaah diri sorangan ku diri sorangan”, da lamun teu ku diri sorangan mah ku saha deui. Pamudah mudahan ngalangkungan panggeuing ieu ngajadi panggebrag ati, nyaringna hate urang sadayana, sahingga timbul kasumangeutan hayang ngagunakeun umur estu hayang ngajugjug ka Allah. Da lamun urang ngadeukeutan ka Allah, Allah ge bakal deukeut. Sabalikna, lamun urang jauh ti Allah, maka Allah ge jauh.

Minggu, 06 Maret 2016

Jalan supaya khusy'u dina sholat

KH. Soleh Nashihin  I riyadloh wengi kemis, 03 Maret 2016
KH. Soleh Nashihin I riyadloh wengi kemis, 03 Maret 2016
miftahul-huda.com
Kahiji, bagja jalma nu sholatna khusyu’, khusyu’ dlohirna, khusyu’ bathina. Sakumaha pidawuh Allah anu kaunggel dina Al -Qur’an surat al-Mu’minun ayat 1-2:
قَدْ اَفْلَحَ الْمُؤْمِنُوْنَ . الَّذِيْنَ هُمْ فِيْ صَلـوتِهِمْ خَاشِعُوْنَ
“Saestuna geus bagja jalma-jalma mu’min teh. [nyaeta] jalma-jalma anu pada khusyu’ dina sholatna.”(Q.S. al-Mu’minun:1-2)
Kadua, sholat teh tempat munajatna hamba ka Dzat Allah, kanjeng Nabi nagdawuh:
اِذَاكَانَ فِي الصّلَاةِ فَاِنَّهُ يُنَاجِيْ رَبَّه
“Dimana-mana hamba aya dina keur sholat, saestuna manehna keur munaajat ka pangeranana”.[HR Bukhori juz 2 kaca 62]
Katilu, pangheulana hisaban amal di aherat nyaeta sholat. Dimana beres sholatna, maka di anggap beres amal anu sejena. Dawuhan Kanjeung Rosul:
اِنَّ اَوَّلَ مَايُحَاسَبُ بِهِ الْعَبْدُيَوْمَ الْقِيَامَةِ مِنْ عَمَلِهِ صَلَاتُهُ,فَاِنْ صَلَحَتْ فَقَدْ اَفْلَحَ وَاَنْجَحَ (روى:االتّرمدي
“ Saestuna pangmimimtina anu bakal di hisab tina amalna hiji hamba dina poe Qiyamah nyaeta Sholatna, lamun beres sholatna maka nyata bagja jeung salamet”.[ HR. At Turmudzi 413 juz 2 kaca 271 ]

Penjelasan

Amal dhohir anu dianggap pang-unggulna ibadah nyaeta sholat. Kanjeng Rosul ngadawuh dina sapalih hadist anu pihartoseun nana ’’Sholat teh tihangna agama, sing saha jalma anu ngadegkeun sholat maka nyata manehna ngadegkeun Agamana. Sing saha jalma nu ninggalkeun sholat maka kaya-kaya manehna ngaruntuhkeun agamana". Jadi jelas sholat teh tihangna Agama, lamun Agama eweuh tihangan maka bakal ancur agamana.
Kumargi kitu, perkawis sholat kedah langkung diperhatoskeun. Tikawit susuci, tutup orat, praktek ibadahna tina takbiratul ihrom dugika aweh salam keudah apik, taluntik elmuna. Upami midameul sholat syarat jeung rukuna teu aya, berarti teu jadi sholatna.
Aya kisah di zaman Sahabat aya jalmi anu dhohirna tukang ibadah, tapi dina waktos pupus, Kanjeung Rosul ngadawuhkeun eta jalmi disiksa di jeuro kuburna nepika pasiksak awakna. Para Sohabat kaget, kumargi dhohirna eta jalmi teh tukang ibadah tapi Kanjeung Rosul ngadawuhkeun kitu. Sedengkeun dawuhan Rosul moal sulaya. Lajeung Sohabat tumaros ka Rosul “kunaon margina Gusti, kapan ieu jalmi teh tukang ibadah??” Waler Rosul, “ieu jalmi teh teu apik susucina, teu bener susucina”.
Kumargi kitu, peryogi pisan urang ngariksa peurkawis susuci bilih kalebet jalmi anu aya dina kisah. Sok sanaos tukang ibadah, tapi buktina dina jero pakuburanana di siksa akibat teu bener susucina.
Bagja jalma anu sholatna khusyu’. Khusyu’ anggota dipetakeun dina kakuduan nana, boh farduna atanapi sunatna.
Malah tampolana mun teu ngaraksa pasunatan, bisa-bisa ngadorong ngabatalkeun kana kafarduan. Lamun teu khusyu’ dina pasunatan, matak ngaganggu dina anggota anu wajib khusyu’na. Sahingga nimbulkeun batal sholatna. Dina masalah ieu, lain ngan saukur teu meunang pasunatan, tapi matak ngagugurkeun kafarduan. Janteun anggota badan teh keudah khusyu’, malah khusyu’na anggota, matak ngajamin kana khusyu’na hate. Sedengkeun khusyu’na anggota mah bisa di usahakeun, beda jeung khusyu’na hate.
Ari khusyu’ nyaeta tentremna anggota sarta hadirna hate, rasa diri di hadiran ku Alloh, rasa diri teh keur sholat. Aya keterangan, saenyana khusyu’ teh keudah di usahakeun, paksa hate keudah hadir ulah kamana wae. Tapi lamun teu sanggup dina sapanjangna sholat maka cukup khusyu’ dina 3 tempat:
1. Dina nalika ngucapkeun innii wajjahtu.
2. Dina ucapan iyyaaka na’budu waiyyaakanasta'iin.
3. Dina ucapan assalaamu alaika ayyuhannabiyyu.
Kitu oge lamun teu bisa khusyu’ dina salawasna sholat.
Margi ari sholat teh munajat ka Allah. Kusabab kitu, ulah malaweung anggahotana, ulah malaweung hatena. Ari munajat teh bubungahan, gunam catur ngarasa beutah, ngarasa ngeunah, mukallamah jeung nu dipikacinta. Nu matak ari munajatna hamba ka Allah Ku jalan “bittilaawati wal adzkaari", tegesna ku babacaan. Nu matak babacaanana sing bener, utamina dina rukun qaoli nu lima sing bener hurufna, sing kadenge panjang pondokna, sing bener dina metakeun tasydidna.
Ari munajatna Allah ka hambana nyaeta kujalan mere ngarti, mere faham dibukakeun tutup-tutup ati.
Mudah-mudahan urang sadayana, dibukakeun pintu ati ku Alloh supados tiasa ngalaksanakeun naon wae jalan pikeun sholat urang khusu’. Amiien

Jumat, 26 Februari 2016

PANGGEUING KA MU'MININ

بسم الله الرحمن الرحيم

Dina raraga ngambah kahirupan di ieu alam, diri teh aya nu ngatur, umur di ukur nafas di alas, atuh hirup teh teu bisa sakaba-kaba nuturkeun hawa nafsu ngumbar amarah. Malah supaya diri ulah katalanjuran, Alloh masihan pitutur jeung papatah oge panggeuing ku mangrupa Dilalatul Hal atawa Dilalatul Isyaroh. Saperti panon anu tadina bengras ayeuna jadi teu pati awas, awak anu tadina jagjag waringkas ayeuna jadi rarempo kawas kararas, kulit anu tadina cangker ayeuna jadi pareot jeung pias, buuk anu tadina hideung meles jadi ngeplak bodas, ieu kabeh mangrupa pitutur jeung panggeuing ti Alloh ka diri yen diri teh teu bisa walakaya, sakumaha dawuhan Alloh dina surat Yasin ayat 68 :
{ وَمَنْ نُّعَمِّرْهُ نُنَكِّسْهُ فِي الْخَلْقِ أَفَلَا يَعْقِلُونَ }
Saha jalma anu dibere umur panjang ku Kami, Kami bakal ngabalikkeun kana warugana (balik deui ka budak / pikun), naha maranehna henteu baroga akal?. (QS. Yasin : 68)
Tapi manusa dina narima ieu panggeuing teh aya nu teu bisa maca kana eta kajadian, dina harti teu bisa mikirkeun kana naon anu tumiba kana dirina, teu ngarasakeun yen eta teh mangrupa panggeuing ti Alloh ka dirina, aya deui anu bisa maca kana eta kajadian tapi teu ngajadikeun pitutur pikeun dirina, eta kajadian teh dianggap parobahan alam anu geus biasa.
Pangna manusa tara bisa narima kana eta pitutur jeung panggeuing ti Alloh sabab manehna boga dua panyakit anu euntreup dina hatena.
Lamun jalma mu'min boga ieu dua panyakit moal bisa narima kana Mau'idhoh jeung Tadzkiroh ti Alloh. Oge sabalikna lamun ieu dua panyakit leungit tina hatena pasti manehna bakal jadi jalma anu mulya dipayuneun Alloh SWT. Sabab manehna bisa narima kana papatah jeung panggeuing ti Alloh ku mangrupa Dilalah anu tadi.
Malihan Rosululloh parantos ngadawuhkeun yen teu aya deui mental anu panggorengna kajaba nu katerapan ku dua panyakit ieu.
Ari panyakit anu dua teh nyaeta :
1.    Hirshu, hartina kadedemes diri kana dunya atawa sok disebut deui Hubbud Dunya.
Loba ajengan anu ninggalkeun masjid jeung madrasahna lantaran hayang nyiar kiyafah pikeun kahirupan dirina, padahal dirina masih keneh bisa dahar bisa make, padahal Sapalih para Ulama parantos nyaurkeun :
( بِئْسَ عَبْدُ الدَّنَانِيْرِ )
" Kacida gorengna jalma anu jadi abid dinar / dunya. "
Ari anu disebut Hirshu teh lain anu beunghar, tapi diri kadedemes atawa salawasna inget bae kana dunya, jadi sok sanajan jalma kokoro nyoso malarat rosa, hirupna lieuk euweuh ragap teu aya lamun bae hatena cumantel kana dunya, salawasna ngarep-ngarep kana dunya eta disebut Hirshu, tapi sabalikna sanajan hartana lubak libuk, bru di juru bro di panto lamun hentu kabawa dina hatena terutama nalika keur ibadah eta lain Hirshu.
2.    Thulul Amal, hartina panjang cita-cita.
Lamun jalma boga pikiran atawa boga rasa yen hirup teh rek lila, asa jauh keneh kana maot, batur wungkul nu rek maot mah da diri mah masih keneh jauh, diri mah asa rek panjang umur, sabab diri masih keneh ngora, masih jagjag waringkas, nu kieu nu disebut budak leutik oge pantes sarta datangna ngadodoho henteu mere nyaho ti anggalna.
{ قُلْ لَا أَمْلِكُ لِنَفْسِي ضَرًّا وَلَا نَفْعًا إِلَّا مَا شَاءَ اللهُ لِكُلِّ أُمَّةٍ أَجَلٌ إِذَا جَاءَ أَجَلُهُمْ فَلَا يَسْتَأْخِرُونَ سَاعَةً وَلَا يَسْتَقْدِمُونَ }
Ucapkeun ku anjeun, Abdi teu bisa mere madlorot jeung manfa'at kana diri Abdi kajaba sakumaha pangersa Alloh, pikeun saban-saban ummat aya ajalna, dimana datang ajal maranehna moal bisa nga-engkekeun jeung moal bisa ngaheulakeun sanajan sakeudeung.  (QS.Yunus : 49)
Lain berarti diri ulah merhatikeun kana masa depan, lain ulah mikirkeun kana kahirupan nu jadi anak incu pikeun kahareupna lain ulah boga cita-cita jeung harepan, tapi eta cita-cita jeung harepan teh ulah matak mohokeun kana kapentingan diri pribadi pikeun bawaeun ka akherat, sabab diri moal salawasna kumelendang di alam pawenangan, pasti awal akhir bakal mulang ka alam kalanggengan, bakal dijagragkeun ka akherat. Kumargi kitu kudu bener-bener jeung soson-soson nyiapkeun bawaeun ka akherat, ulah ka bengbat ku tetempoan, ulah karayu ku syetan nu matak mawa diri poho ka pangeran.


Kamis, 25 Februari 2016

TUNGGARA JADI LEBARAN

بسم الله الرحمن الرحيم


Ummat manusa anu kumelendang di alam dunya, dina nyanghareupan papasten boh anu hade saperti meungan ni'mat jeung nugraha atawa anu goreng saperti tunggara, tugenah, susah jeung balangsak kabagi opat tingkat;
1.    Kafir
Nyaeta jalma anu sama sakali teu percaya kana yen papasten (hade atawa goreng) eta buatan Alloh. Di akheratna langgeng dina naraka.
2.    Mu'min Gholidh (Mu'min Kasar)
Manusa anu ngimankeun kana yen Papasten hade atawa goreng kabeh buatan Alloh, ngan can bisa narima kana eta papasten, maksudna dimana meunang kabungah can cisa syukur, lamun meunang papasten goreng can bisa sabar.
Pidawuh Alloh dina Al-Qur'an, surat Ali-Imron ayat 159 :
{ وَلَوْ كُنْتَ فَظًّا غَلِيظَ الْقَلْبِ لَانْفَضُّوا مِنْ حَوْلِكَ }
Lamun anjeun boga sifat heuras tur hate kasar, tangtu maranehna ngajarauhan anjeun.  (QS. Ali-Imron : 159)
3.    Mu'min Ghofil (Mu'min Bodo)
Mu'min anu narima kana yen papasten hade atawa goreng eta ti Alloh sarta bisa narimakeun, ngan can nyerep kana hatena, can ngajadi rasa.
Tapi sok sanajan kitu Mu'min anu kieu geus kaasup kana Mu'min Mustaqim, Mu'min anu Istiqomah.
4.    'Arifin
Nyaeta manusa anu sakumaha disebatkeun dina hikam :
( وُرُوْدُ الْفَاقَاتِ أَعْيَادُ الْمُرِيْدِيْنَ )
 Datangna kabutuh (kasusah) mangrupakeun lebaran pikeun jalma anu hayang ma'rifat  ka Alloh”.
Dina harti dimana datang kanyeri, kasusah, katugenah kana diri lain ngajadi nyeri atawa aral subaha tapi ngajadi kabungah anu taya hinggana, ibarat jalma panggih jeung poean lebaran tos ngalaksanakeun ibadah puasa sajero sabulan.
Naha gening 'Arifin bisa kitu? Bisa malikkeun kaayaan?, Batur mah meunang kasusah atawa katugenah teh aral ari ieu mah kalahka lebaran?. Jawabna lantaran 'Arifin mah geus bisa nyangking anu opat rupa :
1)   Inqitho' (إِنْقِطَاعٌ   )
 Hartina megatkeun diri ti Makhluq. Sanajan datangna kasusah, katugenah, kanyeri teh ti papada manusa tapi ati sanubarina ngayakinkeun yen eta manusa moal kitu mun teu dikitukeun ku Alloh. Bari kituna teh dihaja ku Alloh, atuh ieu musibah hakekatna mah ti Alloh, makhluq mah ngan sakadar jadi cukang lantaran.
2)   Tafwidl ( تَفْوِيْضٌ) seren diri ka Alloh.
{ الَّذِينَ إِذَا أَصَابَتْهُمْ مُصِيبَةٌ قَالُوا إِنَّا للهِ وَإِنَّا إِلَيْهِ رَاجِعُونَ }
Ari jalma-jalma anu dimana meunang musibat maranehna ngaromong"Abdi sadaya kagungan Alloh sareng ka Gusti Abdi sadaya wangsul. (QS. Al-Baqoroh: 156)
Alloh anu ngatur jeung anu ngurus, abdi jalma anu teu daya teu upaya jeung teu walakaya;
( لاَحَوْلَ وَلاَ قُوَّةَ إِلاَّ بِاللهِ الْعَلِيِّ الْعَظِيْمِ )
Teu aya daya pikeun ngalakonan tho'at jeung teu aya kakiatan pikeun nyingkahan ma'siat anging ku pitulung Alloh.
Kumargi Gusti anu mulak-malik abdi, abdi seja sumeren diri ka Gusti, Gusti masihan ieu cocobi ka abdi, ku abdi ditampi kalawan lapang dada sareng manah anu jembar, da pasti ieu kajadian di haja ku Gusti, kumargi kitu mugi Gusti masihan kajembaran sareng kasabaran ka diri abdi.
{رَبَّنَا لَا تُزِغْ قُلُوبَنَا بَعْدَ إِذْ هَدَيْتَنَا وَهَبْ لَنَا مِنْ لَدُنْكَ رَحْمَةً إِنَّكَ أَنْتَ الْوَهَّابُ}
"Duh Gusti ! pangeran abdi sadaya, mugi Gusti ulah nyasarkeun kana hate abdi sadaya saba'da Gusti masihan pituduh, sareng mugi Gusti masihan rohmat ka abdi sadaya ti pihak Gusti, da Gusti dzat anu seueur masihannana."  (QS. Ali-Imron : 8(
{رَبَّنَا أَفْرِغْ عَلَيْنَا صَبْرًا وَثَبِّتْ أَقْدَامَنَا وَانْصُرْنَا عَلَى الْقَوْمِ الْكَافِرِينَ }
Duh Gusti ! Pangeran abdi sadaya, mugi Gusti namplokkeun kasabaran ka abdi sadaya sareng mugi Gusti netepkeun kana suku abdi sadaya, sareng mugi Gusti nulungan abdi sadaya kanggo ngelehkeun jalma-jalma kafir. (QS.Al-Baqoroh : 250)
3)   Istighfar
Naon sababna Alloh make nyieun kieu ka kuring?, jawabannana aya dua rupa. Kahiji mungkin Alloh rek ningkatkeun darajat diri dipayuneun Mantenna. Kadua ieu musibat mangrupa panggeuing ka diri anu keur nincak dina salah. Jawaban anu dipilih tina dua pilihan bieu nyaeta panggeuing ka diri, atuh pok we ikrar dina lisan jeung atina :
"Ya Alloh, Abdi rumaos seueur dosa, mugi Gusti ngahapunten kana sadaya dosa abdi boh anu dihaja atanapi anu henteu dihaja. Abdi niat moal deui-deui ngalakonan dosa, sareng mugi ieu katunggaraan sareng musibat teh janten kifarat kana sagala rupi dosa abdi, abdi neda pangapunten ka Gusti".
4)   Du'a
Saba'da Istighfar, 'Arifin mah henteu kendat tina ngadu'a ka Alloh sabab manehna yakin kana dawuhan Alloh dina surat Al-Baqoroh
{ وَإِذَا سَأَلَكَ عِبَادِي عَنِّي فَإِنِّي قَرِيبٌ أُجِيبُ دَعْوَةَ الدَّاعِ إِذَا دَعَانِ فَلْيَسْتَجِيبُوا لِي وَلْيُؤْمِنُوا بِي لَعَلَّهُمْ يَرْشُدُونَ }
Dimana nanyakeun abdi Kami ka anjeun tina masalah Kami tah saenyana Kami eta anu deukeut. Kami ngaijabah pamentana anu ngadu'a ka Kami, maka maranehna kudu marenta ijabah jeung kudu iman ka Kami supaya maranehna meunang pituduh. (QS. Al-Baqoroh : 186)
Pok bae 'Arifin ngadu'a :
(أَللّٰهُمَّ أَجِرْنِيْ فِيْ مُصِيْبَتِيْ هٰذِهِ وَاكْفِنِيْ مِنْهَا وَاخْلُفْنِيْ خَيْرًا مِّنْهَا )
Nun Gusti ! mugi ngaganjar Gusti ka abdi dina ieu musibat, sareng mugi nyukupkeun Gusti kana ieu musibat (ulah kateterasan) sareng mugi ngagentosan Gusti (ku nugraha) anu langkung sae.


MODAL HIRUP

بسم الله الرحمن الرحيم



Ari anu kudu dipake modal jeung prinsip hirup, nyaeta ibadah :
{ وَمَا خَلَقْتُ الْجِنَّ وَالْإِنْسَ إِلَّا لِيَعْبُدُونِ }
Teu pati-pati nyieun Kami ka Jin jeung Manusa kajaba supaya ibadah ka Kami.(QS. Ad-Dzariat ; 56)
Ari anu disebut dina ieu ayat ngan dua, nyaeta jin jeung manusa, ari nu sajen mah ngan saukur jadi penghubung. Malaikat moal ditungtut perkara engke di akherat, sabab teu aya nafsuan. Sasatoan jeung pepelakan eta ngan sakadar jadi pelengkap jeung sarana hirup manusa pikeun ngambah ieu kahirupan, tapi manusa jeung jin ku Alloh bakal ditungtut di akherat tina sagala pagaweannana, sabab bongan baheula sanggup narima kana agama anu konsekwensina tina nyekel agama nyaeta kudu 'ibadah.
{ إِنَّا عَرَضْنَا الْأَمَانَةَ عَلَى السَّمَاوَاتِ وَالْأَرْضِ وَالْجِبَالِ فَأَبَيْنَ أَنْ يَحْمِلْنَهَا وَأَشْفَقْنَ مِنْهَا وَحَمَلَهَا الْإِنْسَانُ إِنَّهُ كَانَ ظَلُومًا جَهُولًا }
Saestuna kami ngasongkeun amanah/agama kana langit, ka bumi kana pirang-pirang gunung, tuluy eta nu kabeh mungpang jeung sieun khianat (kana eta agama) nya manusa nyekel eta agama. Saestuna manusa eta anu dholim jeung anu bodo. (QS. Al-Ahzab: 72)

Diciptakeunnana jin jeung manusa hirup dialam dunya teu aya deui kajaba supaya ibadah ka Alloh, lain berarti Alloh butuh kana diibadahan. Da rek aya nu ibadah atawa henteu tetep moal matak ngurangan kana kaagungan Alloh, ngan tugas manusa kudu ibadah, anu manfa'atna mah pikeun maranehna keneh.
Ari ma'na anu terkandung dina ieu ayat aya dua, nyaeta ;
1)   Ibadahna kudu karana Alloh,
2)   Alloh wungkul anu sah diibadahan.
Salianti Alloh teu sah diibadahan, teu sah dijieun pangabakti. Jadi teu meunang ngabakti ka indung bapa, ulah ngabakti ka nagara, ulah ngabakti katatangga, ulah ngabakti ka dulur jeung ka baraya, ulah ngabakti ka muslimin, eta mah ngan saukur gawe hade, sakumaha anu kaunggel dina surat An-Nisa ayat 36 ;
{ وَاعْبُدُوا اللهَ وَلَا تُشْرِكُوا بِهِ شَيْئًا وَبِالْوَالِدَيْنِ إِحْسَانًا وَبِذِي الْقُرْبَى وَالْيَتَامَى وَالْمَسَاكِينِ وَالْجَارِ ذِي الْقُرْبَى وَالْجَارِ الْجُنُبِ وَالصَّاحِبِ بِالْجَنْبِ وَابْنِ السَّبِيلِ وَمَا مَلَكَتْ أَيْمَانُكُمْ إِنَّ اللهَ لَا يُحِبُّ مَنْ كَانَ مُخْتَالًا فَخُورًا }
Jeung kudu ibadah aranjeun ka Alloh sarta ulah musyrik ka Mantenna, jeung kudu gawe hade ka indung bapa, ka baraya, ka budak yatim, ka jalma miskin, ka tatangga anu deukeut, ka tatangga anu jauh, ka babaturan,ibnu sabil, jeung hamba sahaya, saestuna Alloh teu mikaresep ka jalma anu gumede jeung adigung asa aing” (QS. An-Nisa : 36)
Dikuatan ku ayat :  إِيَّاكَ نَعْبُدُ وَإِيَّاكَ نَسْتَعِينُ }
Ka Alloh wungkul abdi ibadah jeung ka Alloh wungkul abdi menta pitulung.
Jadi setiap nafas jeung renghap manusa kabeh kudu seja ibadah ka Alloh, ulah aya nafas jeung waktu anu kosong tina seja ibadah ka Alloh.
Naon ari nu disebut ibadah ?

Ari ibadah kabagi dua :
1.    Ibadah Mahdloh, nyaeta ibadah anu langsung berhadapan antara diri jeung Alloh, rek bentuk fardlu 'Aen saperti puasa Sholat, munggah haji jeung sajabana. Atawa fardlu kifayah, rek wajib atawa sunat, rek ngalaksanakeun parentah Alloh atawa ngajauhan larangannana.
2.    Ibadah Goer Mahdloh, nyaeta ibadah anu henteu langsung berhadapan jeung Alloh tapi make perantara nu sejen, saperti usaha pikeun nganafakahan anak pamajikan, ngome jalan, shodaqoh, ngurus budak yatim jeung sajabana anu dikaitkeun jeung diniatan ibadah ka Alloh.

Ku sabab bentukna ibadaht teh luas, maka timbul sababaraha syarat, nyaeta :
1.    Pagaweannana kudu bentuk ibadah, seja ibadah jeung seja menta pitulung Alloh.
2.    Pagawean anu digarapna kudu nincak dina Shirothol Mustaqim (jalan anu sakumaha kuduna ceuk Alloh), alias kudu cicing dina parentah Alloh jeung ninggalkeun anu dicegahna.
3.    Hayang meunang Mardlotillah, migawe eta pagawean estu murni hayang meunang ridlo Alloh lain karana riya, ujub, takabur, sabab eta nu matak ngancurkeun kana jadina ibadah.
Atuh sanajan seja ibadah ka Alloh, tapi lamun lain dina shirotol mustaqim mah eta teu jadi ibadah . Kusabab kitu samemeh prak migawe hiji pagawean kudu ditingali heula, naha eta pagawean teh parentah atawa lain, gunduk-gunduk heula naon parentah anu aya dina eta pagawean. Saperti dina dagang:
 
1.    Nyumponan pangabutuh nu boga barang supaya payu,
2.    Nyumponan pangabutuh nu rek meuli,
3.    Nyumponan pangabutuh diri sorangan pikeun nganafakahan pamajikan,
4.    Nyumponan pangabutuh nu buburuh,
5.    Nyumponan pangabutuh nu rek niat shodakoh, mere maweh ka fakir miskin.
Jadi tina hiji pagawean lamun diniatan seja ibadah kalawan nincak dina sirothol mustaqimna, maka bakal meunang sababaraha ganjaran jeung kahadean. Sekali mendayung beberapa pulau terlampaui.
Nyakitu deui dina pagawean-pagawean anu sejen oge kudu ditingali jeung dikumpul-kumpul heula parentah jeung lainna, lamun dina tani niat mere buruh kanu buburuh macul, kanu buburuh ngarambet, kanu buburuh dibuat, kanu moe jeung sajabana, jadi tina hiji bentuk usaha teh sajabana ibadah oge meunang ganjaran shodaqoh anu loba, oge keuna kana pidawuh Alloh :
{ مَا عِنْدَكُمْ يَنْفَدُ وَمَا عِنْدَ اللهِ بَاقٍ }
Sakabeh perkara anu aya di diri anjeun bakal pegat jeung beak, kajaba anu dipake gawe hade ka Alloh eta mah bakal tetep.(QS. An-Nahl : 96)
Pare tina hasil tani bakal beak, bati tina dagang bakal beak, dibeulikeun kana dahareun pibaueun, dibeulikeun kana pakean pielapeun, ari nu tetep jeung anu jadi sampeureun engke di akherat mah nyaeta anu dipake buruh gawe, jeung anu dipake jalan kahadean ka Alloh.
Lamun jalma migawe hiji pagawean bari keuna kana sakumaha syarat anu tilu tadi, eta jalma kaasup kana Ahli Shufi, da anu disebut Ahli Shufi teh lain anu tukang wiridan wungkul, tapi jalma anu sagala pagaweanana dikaitkeun kana tugas jeung parentah Alloh. Sedengkeun ari bentuk tugas jeung parentah Alloh beda-beda ka saban manusa ku beda-bedana waktu jeung kedudukannana, geuning nu digawe di hiji pausahaan oge beda-beda tugas jeung pagaweanana kumaha kedudukannana, aya anu nyekel administrasi, aya anu nyekel keuangan, aya anu jadi pesuruh jeung liana. Nyakitu tugas Alloh oge beda-beda, lamun ajengan jam 06.00 tugasna ngawuruk, santri tugasna ngaji, tukang dagang ka pasar, tukang tani ka sawah, lamun tukang usaha kudu usaha, malah haram ninggalkeun usahana, atuh lamun aya jalma ngaku-ngaku Ahli Shufi tapi ngalarang kana usaha, eta teh lain ahli Shufi tapi Mutasowwifin (jalma anu tatasawufan). Malah Syekh Zaenudin Malebari parantos nyaurkeun dina kitab Kifayatul Atqiya anu unggelna :
أَمَّا الْمُعِيْلُ فَلاَ يَجُوْزُ قُعُوْدُهُ  *  مِنْ مَكْسَبٍ لِعِيَالِهِ مُتَوَكِّلاً
Ari nu boga kulawarga haram cicing / henteu usaha pikeun nganafakahan kulawargana.
Kacida pisan bagjana lamun manusa salawasna hirup nincak dina parentah Alloh, kalayan niat seja ibadah ku milampah parentah jeung nyingkahan anu dicegah, bari dibarengan ku hayang meunang ridlo Alloh.

TAQORRUB KA ALLOH SWT.

بسم الله الرحمن الرحيم


Alloh parantos ngadawuh dina Hadits Qudsi anu dimuat dina Hadits Arba'in :
( مَنْ تَقَرَّبَ إِليَّ شِبْراً تَقَرَّبْتُ إِلَيْهِ ذِرَاعاً، وَمَنْ تَقَرَّبَ إلَيَّ ذِرَاعاً تَقَرَّبْتُ إِلَيْهِ بَاعاً)
Saha jalma anu ngadeukeutkeun diri ka Kami sajeungkal, Kami bakal ngadeukeutan ka manehna sasiku, jeung saha jalma anu ngadeukeutan ka Kami sasiku, Kami bakal ngadeukeutan ka manehna sadeupa.
Lafadz Taqorrub anu kahiji mangrupakeun jumlah, anu kadua oge jumlah. Sedengkeun nurutkeun ilmu Nahwu, ari jumlah teh kaasup kana nakiroh, nurutkeun ilmu Bilaghoh, lamun aya lafadz nokiroh di tikror, anu kahiji lain anu kadua,
وَمَا مِنَ الْقَوَاعِدِ الْمُشْتَهَرَةْ * إِذَا أَتَتْ نَكِرَةٌ مُكَرَّرَةْ
تَغَـايَرَا وَ إِنْ يُعَـرَّفْ  ثَانِيْ * تَوَافَقَا كَــــذَا الْمُعَرَّفَانِ

Jadi Taqorrubna makhkluq beda jeung taqorrubna Alloh. Ari taqorrubna manusa ka Alloh nyaeta kujalan :
1.    Tafakkur,
2.    Migawe amal sholeh,
3.    Ridlo kana papasten jeung taqdir ti Alloh.  
1.    Tafakkur,
Ari tafakkur nyaeta mikir atawa inget kana pimaoteun. Inget yen diri teh moal lana hirup didunya, tapi awal akhir pasti bakal mulih ka jati mulang ka asal.  Diri asalna tina taneuh engke ge rek balik deui kana taneuh, ayeuna aya di alam dunya teh keur ngumbara, keur neangan bekel bawaeun mulang sabab diri bakal dihadapkeun ka Alloh, bakal ditanya tina sagala kalakuan anu dilakukeun diwaktu keur kumelendang di alam pawenangan.
2.    Amal sholeh
Ari amal sholeh nyaeta migawe amal, rek anu mahdloh atawa anu ghoer mahdloh bari diberangan ku 3 perkara :
1)   Migawe didorong ku rasa bakti ka Alloh,
2)   Karna ngalaksanakeun parentah jeung tugas Alloh, ibadahna lain kupedah betah, lain ku pedah hayang dipikanyaah, lain pedah aya pangbibita atawa ka dorong ku perkara sejen, tapi estu pedah ngalaksanakeun tugas jeung parentah Alloh. Tugasna  mah rek mangrupakeun tugas pribadi atawa tugas umum.
3)   Tujuannana karena Alloh, hayang meunang ridlo Alloh, lain kana Hubbud Dunya, Hubbul Jah (neangan dunya, pangkat) jsb.

Lamun kumpul ieu syarat anu tilu kakara jadi amal sholeh, atuh lamun henteu kumpul anu tilu, lain amal sholeh. Sanajan nincak dina parentah Alloh ari henteu diniatan 'ibadah jeung henteu dibarengan ku hate hayang meunang ridlo Alloh eta lain amal sholeh. Saperti anu Sholat, ku Sholatna hayang meunang pujian ti batur, atawa anu pahili nempatkeun Maa Dlumin (urusan Alloh /perkara anu ditanggung jawab ku Alloh), saperti hasilna ganjaran ladang wadah jeung hasilna rizqi ladang usaha. JeungMaa Thulib (tugas diri), saperti dagang karena hayang bati, tani hayang hasil pare, da hasil jeung henteuna mah eta urusan Alloh (Maa dlumin). Ari Maa Thulib na (tugas diri) mah usahana. Lain anu dagang ulah hayang bati, anu tani ulah hayang pare, da pangna dagang oge hayang meunang bati, pangna tani oge hayang aya hasilna, ngan eta kahayang ulah matak mohokeun jeung ulah matak ngelehkeun kana hayang meunang ridlona Alloh. Oge kudu diniatan seja 'ibadah, niat pikeun nganafakahan anak pamajikan, da sanajan bentukna dagang atawa tani lamun dicantelkeun kana wajib jadi wajib. Ari mere nafakah ka anak pamajikan teh hukumna wajib, sedengkeun moal bisa mere nafakah lamun henteu usaha. Atuh eta usaha teh jadi wajib, ngan sok sanajan usaha wajib ulah matak mohokeun jeung ninggalkeun kawajiban anu sejen anu leuwih poko, saperti Sholat, zakat jsb.

3.    Ridlo kana papasten jeung taqdir ti Alloh
Sakabeh kajadian anu tumiba kadiri rek hasil usaha atawa lain, rek dihaja atawa henteu eta mangrupa taqdir Alloh anu kudu ditarima diri. Sabab sanajan henteu ditarimakeun tetep eta taqdir moal robah. Da taqdir teu bisa punglir kadar teu meunang di singlar.
{ مَا يَفْتَحِ اللهُ لِلنَّاسِ مِنْ رَحْمَةٍ فَلَا مُمْسِكَ لَهَا وَمَا يُمْسِكْ فَلَا مُرْسِلَ لَهُ مِنْ بَعْدِهِ وَهُوَ الْعَزِيزُ الْحَكِيمُ }
Moal aya anu bisa nyengker kana Rohmat anu dipasihkeun ku Alloh kamanusa, jeung moal aya nu bisa muka kana Rohmat anu di sengker ku Alloh saba'dana. Jeung ari Alloh eta anu gagah tur pengkuh.” (QS. Fathir : 2)
Lamun jalma anu geus bisa taqorrub ka Alloh kujalan ngalakonan anu tilu, maka Alloh bakal ngadeukeutan ka eta jalma. Ari ngadeukeutannana Alloh ku tilu jalan :
1)   Ku du’asakumaha dawuhannana :
{ وَإِذَا سَأَلَكَ عِبَادِي عَنِّي فَإِنِّي قَرِيبٌ أُجِيبُ دَعْوَةَ الدَّاعِ إِذَا دَعَانِ فَلْيَسْتَجِيبُوا لِي وَلْيُؤْمِنُوا بِي لَعَلَّهُمْ يَرْشُدُونَ }
Dimana abdi Kami nanyakeun masalah Kami ka anjeun, saenyana Kami eta deukeut, Kami ngaijabah du'ana jalma anu ngadu'a ka Kami, maka kudu ngagugu kana parentah kami jeung kudu ariman ka kami, supaya salawasna meunang pituduh” . (QS. Al-Baqoroh : 186)
2)   Ku Ma'unah / pitulung,
3)   Ku dikifaratan dosa, dawuhannana :
{ وَالَّذِينَ آٰمَنُوا وَعَمِلُوا الصَّالِحَاتِ لَنُكَفِّرَنَّ عَنْهُمْ سَيِّئَاتِهِمْ وَلَنَجْزِيَنَّهُمْ أَحْسَنَ الَّذِي كَانُوا يَعْمَلُونَ }
“Jeung ari jalma-jalma anu ariman jeung migawe kana amal sholeh, pasti Kami bakal ngifaratan kana sakabeh dosana jeung Kami bakal ngabales kunu leuwih hade tibatan amalna.”(QS. Al-Ankabut : 7)

4)   Ku di bere kama'rifatan.
Kusabab kitu lamun diri hayang diijabah du'a sarta dibere pitulung jeung kama'rifatan geura taqorrubkeun diri ka Alloh kujalan anu tilu tadi. 

Uwakubaro