Nurul Hikmah
Ka Alloh abdi nyalindung, tina panggodana setan.
kalayan asma Nu Agung, Alloh Anu Welas Asih.
-Alloh-
1. ALLOH ANU MAHA UNINGA
Alloh Nu Maha Uninga,
Kana sadaya dawuh-Na,
Mungguhing urang manusa,
Wajib kedah percantenna.
Kana Qur’an ulah hamham,
Ulah waswas ragu-ragu,
Upami urang mihamham,
Tangtos urang buntu laku.
Sadaya umat Pangeran,
Kedah kenging tuduh jalan,
Numawi lumungsur Qur’an,
Pikeun tuduh jalan iman.
Tawisna nu takwa to’at,
Yakin ayana aherat,
Solatna teh tara pegat,
Ku Alloh tangtos dirahmat.
2. SILIH BAGI REJEKI
Mun urang nampi rejeki,
Rejeki pabagi-bagi,
Sasama ge kabagean,
Rejeki silih agehan.
Jelema nu iman mu’min,
Panceg percaya tur yakin,
Kitabulloh nu baheula,
Eta ge dawuh Mantenna.
Jelema nu iman mu’min,
Yakinna aenal yakin,
Yen engke teh hirup deui,
Bakal deuheus ka Ilahi.
3. PITUDUH TI ALLOH SWT
Mungguhing nu iman takwa,
Kenging pituduh Mantenna,
Hirupna kenging panungtun,
Henteu lesot ti panuyun.
Eta teh bagja utama,
Rahmat teu kinten ageungna,
Mulus salamet hirupna,
Kenging pituduh Mantenna.
Nu kitu hirup rahayu,
Kenging pituduh lumaku,
Moal sasar katambias,
Moal hamham moal waswas.
4. ULAH NGABEDUL
Jelema anu mantangul,
Hirup nyuruntul ngabedul,
Hese dibere pepeling,
Langlang-lingling lir teu eling.
Mangeran kana nafsuna,
Ngagugulung kahayangna,
Aturan kabeh dirumpak,
Ngaruksak jeung ngagalaksak.
Lajeng ku Alloh ditutup,
Kalbu dibulen dirungkup,
Hatena teh ditulakan,
Pangreungeuna dicocokan.
Batin jadi kurunyinyi,
Tebih ti hidayah Gusti,
Cilaka estu cilaka,
Jalma nu kitu lampahna.
5. GANCANG OMEAN
Seueur pisan kajantenan,
Ngaku-ngaku panceg iman,
padahal gagaleongan,
Kaimanan reureundahan.
Sering pisan kaalaman,
Pura-pura ngaku iman,
ari lampah euwah-euwah,
Kitu salah kieu salah.
Lamun nyieun kasalahan,
Pek omean gagancangan,
Gancang menta dihampura,
Ka Alloh Maha Kawasa.
Kitu lampah sasab pisan,
Tetela nipu sorangan,
Tapi tong peunggas harepan,
Nu salah gancang omean.
6. SIPATNA JELEMA ANU MUNAPEK
Jalma munapek sipatna,
Mun leukeun nitenanana,
Sok resep nyieun alesan,
Keur nutupan kasalahan.
Kasalahan diteumbleuhkeun,
Geugeuleuh dika-baturkeun,
Jatena pinuh werejit,
Kotor jeung pinuh rurujit.
Mun hareupeun ngomong hade,
Tukangeun mah ngalelewe,
Nu kitu tong jadi sobat,
Sabab mindeng ngahianat.
7. ULAH JALIR JANGJI
Lamun urang gaduh jangji,
Kade ulah lanca-linci,
Subaya kedah cumponan,
Sabab eta kahormatan.
Jelema nu jalir jangji,
Eta teh sami saharti,
Reujeung ngaruksak pribadi,
Henteu ngajenan ka diri.
Nu teu pageuh kana jangji,
Nu kitu munapek pasti,
Hirupna moal jamuga,
Bakal pinanggih tunggara.
8. NGAJAGA LETAH
Kade jaga eta letah,
Sabab mindeng mawa salah,
Seukeutna leuwih ti pedang,
Raheutna matak gudawang.
Loba nu meunang cilaka,
Lantaran tina ngomongna,
Ngomong teu dipikir heula,
Tangtu hanjakal ahirna.
Ngomong ngabuih ngabudah,
Mindingan lampah nu salah,
Ngaku-ngaku iman takwa,
Padahal reka perdaya.
Iman ukur kaheureuyan,
Kawas bunglon lolondokan,
Kitu peta salah pisan,
Kudu gancang dijauhan.
9. ULAH NGAHEUREUYKEUN AYAT
Mangkade ulah mokaha,
Ngaheureuykeun pidawuh-Na,
Dipake ocon guguyon,
Kitu peta estu awon.
Jalma ngaheureuykeun ayat,
Moal pinarinan rahmat,
Jeung moal kenging syafa’at,
Sabab ngaheureuykeun ayat.
Ayat teh dawuhan Gusti,
Lenyepan mangka kaharti,
Sangkan urang ulah rugi,
Hirup jadi ngandung harti.
Ayat ulah diheureuykeun,
Kuduna teh dihartikeun,
Sangkan hirup ulah rugi,
Tur kenging rido Ilahi.
10. PALITA ANU TEU CAHAYAAN
Kumaha pibakaleunana,
Lamun pareng hiji mangsa,
Urang teh nyeungeut palita,
Tapi teu caang sinarna
Kotret deui cekres deui,
Ngahurungkeun korek api,
Pareum deui pareum deui,
Poek deui poek deui.
Rajeun palitana hurung,
Tapi kalah tambah bingung,
Sabab cahayana musna,
Poek mongkleng buta rata.
Kitu minangka misilna,
Nu munapek ibaratna,
Lolong lahir jeung batinna,
Sasab dunya aheratna.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar