بسم الله الرحمن الرحيم
Ummat manusa anu kumelendang di alam dunya, dina nyanghareupan papasten boh anu hade saperti meungan ni'mat jeung nugraha atawa anu goreng saperti tunggara, tugenah, susah jeung balangsak kabagi opat tingkat;
1. Kafir
Nyaeta jalma anu sama sakali teu percaya kana yen papasten (hade atawa goreng) eta buatan Alloh. Di akheratna langgeng dina naraka.
2. Mu'min Gholidh (Mu'min Kasar)
Manusa anu ngimankeun kana yen Papasten hade atawa goreng kabeh buatan Alloh, ngan can bisa narima kana eta papasten, maksudna dimana meunang kabungah can cisa syukur, lamun meunang papasten goreng can bisa sabar.
Pidawuh Alloh dina Al-Qur'an, surat Ali-Imron ayat 159 :
{ وَلَوْ كُنْتَ فَظًّا غَلِيظَ الْقَلْبِ لَانْفَضُّوا مِنْ حَوْلِكَ }
“Lamun anjeun boga sifat heuras tur hate kasar, tangtu maranehna ngajarauhan anjeun.” (QS. Ali-Imron : 159)
3. Mu'min Ghofil (Mu'min Bodo)
Mu'min anu narima kana yen papasten hade atawa goreng eta ti Alloh sarta bisa narimakeun, ngan can nyerep kana hatena, can ngajadi rasa.
Tapi sok sanajan kitu Mu'min anu kieu geus kaasup kana Mu'min Mustaqim, Mu'min anu Istiqomah.
4. 'Arifin
Nyaeta manusa anu sakumaha disebatkeun dina hikam :
( وُرُوْدُ الْفَاقَاتِ أَعْيَادُ الْمُرِيْدِيْنَ )
“Datangna kabutuh (kasusah) mangrupakeun lebaran pikeun jalma anu hayang ma'rifat ka Alloh”.
Dina harti dimana datang kanyeri, kasusah, katugenah kana diri lain ngajadi nyeri atawa aral subaha tapi ngajadi kabungah anu taya hinggana, ibarat jalma panggih jeung poean lebaran tos ngalaksanakeun ibadah puasa sajero sabulan.
Naha gening 'Arifin bisa kitu? Bisa malikkeun kaayaan?, Batur mah meunang kasusah atawa katugenah teh aral ari ieu mah kalahka lebaran?. Jawabna lantaran 'Arifin mah geus bisa nyangking anu opat rupa :
1) Inqitho' (إِنْقِطَاعٌ )
Hartina megatkeun diri ti Makhluq. Sanajan datangna kasusah, katugenah, kanyeri teh ti papada manusa tapi ati sanubarina ngayakinkeun yen eta manusa moal kitu mun teu dikitukeun ku Alloh. Bari kituna teh dihaja ku Alloh, atuh ieu musibah hakekatna mah ti Alloh, makhluq mah ngan sakadar jadi cukang lantaran.
2) Tafwidl ( تَفْوِيْضٌ) seren diri ka Alloh.
{ الَّذِينَ إِذَا أَصَابَتْهُمْ مُصِيبَةٌ قَالُوا إِنَّا للهِ وَإِنَّا إِلَيْهِ رَاجِعُونَ }
“Ari jalma-jalma anu dimana meunang musibat maranehna ngaromong: "Abdi sadaya kagungan Alloh sareng ka Gusti Abdi sadaya wangsul”. (QS. Al-Baqoroh: 156)
Alloh anu ngatur jeung anu ngurus, abdi jalma anu teu daya teu upaya jeung teu walakaya;
( لاَحَوْلَ وَلاَ قُوَّةَ إِلاَّ بِاللهِ الْعَلِيِّ الْعَظِيْمِ )
“Teu aya daya pikeun ngalakonan tho'at jeung teu aya kakiatan pikeun nyingkahan ma'siat anging ku pitulung Alloh.”
Kumargi Gusti anu mulak-malik abdi, abdi seja sumeren diri ka Gusti, Gusti masihan ieu cocobi ka abdi, ku abdi ditampi kalawan lapang dada sareng manah anu jembar, da pasti ieu kajadian di haja ku Gusti, kumargi kitu mugi Gusti masihan kajembaran sareng kasabaran ka diri abdi.
{رَبَّنَا لَا تُزِغْ قُلُوبَنَا بَعْدَ إِذْ هَدَيْتَنَا وَهَبْ لَنَا مِنْ لَدُنْكَ رَحْمَةً إِنَّكَ أَنْتَ الْوَهَّابُ}
"Duh Gusti ! pangeran abdi sadaya, mugi Gusti ulah nyasarkeun kana hate abdi sadaya saba'da Gusti masihan pituduh, sareng mugi Gusti masihan rohmat ka abdi sadaya ti pihak Gusti, da Gusti dzat anu seueur masihannana." (QS. Ali-Imron : 8(
{رَبَّنَا أَفْرِغْ عَلَيْنَا صَبْرًا وَثَبِّتْ أَقْدَامَنَا وَانْصُرْنَا عَلَى الْقَوْمِ الْكَافِرِينَ }
“Duh Gusti ! Pangeran abdi sadaya, mugi Gusti namplokkeun kasabaran ka abdi sadaya sareng mugi Gusti netepkeun kana suku abdi sadaya, sareng mugi Gusti nulungan abdi sadaya kanggo ngelehkeun jalma-jalma kafir.” (QS.Al-Baqoroh : 250)
3) Istighfar
Naon sababna Alloh make nyieun kieu ka kuring?, jawabannana aya dua rupa. Kahiji mungkin Alloh rek ningkatkeun darajat diri dipayuneun Mantenna. Kadua ieu musibat mangrupa panggeuing ka diri anu keur nincak dina salah. Jawaban anu dipilih tina dua pilihan bieu nyaeta panggeuing ka diri, atuh pok we ikrar dina lisan jeung atina :
"Ya Alloh, Abdi rumaos seueur dosa, mugi Gusti ngahapunten kana sadaya dosa abdi boh anu dihaja atanapi anu henteu dihaja. Abdi niat moal deui-deui ngalakonan dosa, sareng mugi ieu katunggaraan sareng musibat teh janten kifarat kana sagala rupi dosa abdi, abdi neda pangapunten ka Gusti".
4) Du'a
Saba'da Istighfar, 'Arifin mah henteu kendat tina ngadu'a ka Alloh sabab manehna yakin kana dawuhan Alloh dina surat Al-Baqoroh
{ وَإِذَا سَأَلَكَ عِبَادِي عَنِّي فَإِنِّي قَرِيبٌ أُجِيبُ دَعْوَةَ الدَّاعِ إِذَا دَعَانِ فَلْيَسْتَجِيبُوا لِي وَلْيُؤْمِنُوا بِي لَعَلَّهُمْ يَرْشُدُونَ }
“Dimana nanyakeun abdi Kami ka anjeun tina masalah Kami tah saenyana Kami eta anu deukeut. Kami ngaijabah pamentana anu ngadu'a ka Kami, maka maranehna kudu marenta ijabah jeung kudu iman ka Kami supaya maranehna meunang pituduh.” (QS. Al-Baqoroh : 186)
Pok bae 'Arifin ngadu'a :
(أَللّٰهُمَّ أَجِرْنِيْ فِيْ مُصِيْبَتِيْ هٰذِهِ وَاكْفِنِيْ مِنْهَا وَاخْلُفْنِيْ خَيْرًا مِّنْهَا )
“Nun Gusti ! mugi ngaganjar Gusti ka abdi dina ieu musibat, sareng mugi nyukupkeun Gusti kana ieu musibat (ulah kateterasan) sareng mugi ngagentosan Gusti (ku nugraha) anu langkung sae”.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar