Rabu, 03 Februari 2016

Akibat Pikeun Jalma Nu Ngabohongkeun Tanda Kakawasaan Alloh SWT.

miftahul-huda.com

Urang didamel ku Alloh janten jalmi nu lemah sehingga butuh ka Alloh Dzat nu Maha Kuat tur Maha Beunghar, ku cara ngalakukeun parentahan jeung ngajauhan anu dilarang.

Lamun urang boga laku lampah anu sabalikna, parentah teu dilakonan sedengkeun larangan dilakonan, eta hiji bukti yen urang teu butuh ka Alloh SWT.

Pikeun jalma model kitu, maka Alloh moal ningkatkeun kualitas kamanfaatan omongannana, moal ningkatkeun kaalusan laku lampahna, dimana-mana maot ruhna eta jalma ditutup moal bisa asup kana panto langit.

Penjelasan.

Dawuh Alloh dina surat Al-A’rof ayat 40

إِنَّ ٱلَّذِينَ كَذَّبُواْ بِ‍َٔايَٰتِنَا وَٱسۡتَكۡبَرُواْ عَنۡهَا لَا تُفَتَّحُ لَهُمۡ أَبۡوَٰبُ ٱلسَّمَآءِ وَلَا يَدۡخُلُونَ ٱلۡجَنَّةَ حَتَّىٰ يَلِجَ ٱلۡجَمَلُ فِي سَمِّ ٱلۡخِيَاطِۚ وَكَذَٰلِكَ نَجۡزِي ٱلۡمُجۡرِمِينَ ٤٠
Saestuna jalma-jalma anu ngabohongkeun ayat-ayat Kami jeung takabur teu daek narimana, nya pikeun maranehna moal dibukakeun lawang-lawang langit, jeung maranehna moal arasup ka sawarga najan nepi ka onta bisa asup kana liang jarum oge. Tah kitu Kami nibankeun wawales ka jalma-jalma anu ngalampahkeun kajahatan teh.

Upami urang ditanya, ari Alloh Maha Kawasa? Tangtu jawabanna, Alloh Maha Kawasa. Tah jawaban eta teh terkadang sebatas tina elmu pengetahuan (apal) wungkul, can ngajadi sikap jeung proses diri dina ngajalani kahirupan.

Buktina nyaeta, Nalika urang apal jeung ngayakinkeun yen Alloh nu Maha Kawasa, Maha Uninga, Maha Ngadangu, upami ditingali dina sikap jeung kalakuan diri terkadang sok berlawanan. Sabab kasimpulan nalika urang apal yen Alloh Maha Ningali, (sakuduna) pasti bakal muncul perasaan ditingali ku Alloh.

Conto sederhana, nalika urang apal (yakin) yen indung bapa aya di imah tur urang ge aya di imah, maka bakal aya sikap prilaku nu di ukur ku diri, sakira nu matak picarekeun indung bapa mah moal dilakukeun, tegesna bakal ngalakukeun nu dipikaresep ku indung bapa. Sabalikna, nalika teu ngarasa indung bapa aya di imah, biasana naon rupa nu dicarek ge sok dilakukeun. Ieu hal nu teu bisa dibantah ku diri.

Saur Syekh Ibnu Athoillah dina Al-Hikam juz 1 hal. 42 :

مِنْ عَلَامَاتِ مَوْتِ الْقَلْبِ, عَدَمُ الْحُزْنِ عَلَى مَا فَاتَكَ مِنَ الْمُوْبِقَاتِ, وَتَرْكُ النَّدَمِ عَلَى مَا فَعَلْتَهُ مِنْ وُجُوْدِ الزَّلَاتِ.
Termasuk ciri jalma nu maot hatena nyaeta jalma nu teu aya rasa nalangsa tina rupa-rupa kesempatan jeung waktu nu geus kaliwat, teu bisa ngagunakeun waktu kalawan bener. Kesempatan pikeun ibadah kalah ditinggalkeun, tapi ari kesempatan maksiat ka Alloh kalah di teangan.
Manusa, tegesna diri urang bakal ka asup jalma nu ngabohongkeun kana tanda-tanda kakawasaan Alloh, nyaeta nalika sikap jeung prilaku teu aya kaselarasan jeung naon nu yakinkeun. Da jalma nu ngayakinkeun bener-bener mah pasti katingali bakal aya perubahan positif dina dirina.

Naon nu dimaksud sombong jeung ngabohongkeun ka Alloh? Nyaeta sikap diri nu henteu aya kata’atan kana parentah Alloh jeung kana ngajauhan larangan-Na. Pikeun jalma nu ngabohongkeun ka Alloh, maka saur para Ulama ngajelaskeun bakal timbul akibat :

1. Naon wae nu diucapkeun jeung dilakukeun di alam dunya moal muncul kamanfataan, hirupna moal produktif mungguh Alloh, malah bakal jadi beban pikeun jalma-jalma sakurilingeunna.

2. Nalika maot (ruh pisah jeung jasad), maka kahirupan di alam barzakhna bakal meunang kasangsaraan nu luar biasa.

Lamun teu buru-buru eling, teu buru-buru ngarobah diri ti ayeuna, maka Alloh bakal ngersakeun paeh hate satuluyna. Sahingga dina diri moal aya ghiroh (semangat jeung motivasi) pikeun taqwa ka Alloh SWT., Naudzubillahi min dzalik.

Mudah-mudahan ngalangkungan ieu nasihat, urang sadaya tiasa langkung paham kana makna hirup nu sabenerna. Aamiin Yaa Robbal Alamiin.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar