Miftahul Huda
Alloh SWT. eta Dzat anu Maha Beunghar anu janji bakal maparin kabeungharan-Na ka manusa. Saha anu bakal dipaparin kabeungharan ku Alloh?, nyaeta jalma-jalma anu nganyatakeun kafaqirannana ka Alloh SWT.
Beunghar anu sajati lain wungkul boga sagala, fakir nu sajati lain ku pedah sagala teu aya. Hakikat beunghar jeung fakir nyaeta aya dina pikiran jeung perasaan. Sedengkeun teu aya deui nu ngabulak-balik pikir jeung perasaan iwal Alloh SWT.
Penjelasan
Alloh ngadawuh dina surat Fathir ayat 15 :
يَٰٓأَيُّهَا ٱلنَّاسُ أَنتُمُ ٱلۡفُقَرَآءُ إِلَى ٱللَّهِۖ وَٱللَّهُ هُوَ ٱلۡغَنِيُّ ٱلۡحَمِيدُ ١٥
"Yeuh manusa!, maraneh teh jalma-jalma anu barutuh ku Alloh, sedengkeun Alloh, nya Anjeunna nu Maha Beunghar, nu Maha Pinuji".
Kabeungharan jeung kafakiran nu sabenerna ukur rarasaan wungkul, sabab loba nu beunghar sagala boga tapi teu weleh ngarasa kurang wae, sagala butuh sagala teu mahi. Aya oge jalma nu teu boga tapi hirupna ngarasa cukup, malah sering syukur kana pamasihan ti Alloh.
Salaku manusa, sarua sok dahar dina hiji meja, laukna sarua, dagingna sarua, nu sejen pada ni’mat tapi aya saurang nu sagala teu ngeunah.
Naon nu pang dipikabutuhna ku urang salaku hamba?, nu pang dipikabutuhna ku urang sarerea nyaeta rohmat jeung karunia Alloh sangkan meunang kabagjaan dunya akherat, butuh jeung fakir ku rohmat jeung pangampura Alloh sangkan dijauhkeun tina siksa jeung laknat.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar