Sabtu, 13 Februari 2016

Ngolah Panca Indera, Akal, Hate Jeung Nafsu/Emosi

KH. Abdul Aziz Affandy
miftahul-huda.com

Alloh maparin ni’mat pikeun urang diantawisna pangdangu (ceuli) jeung panon pikeun bisa nganyahokeun perkara anu aya di sakurilingeun diri urang. Oge Alloh ngadamel akal dina diri urang pikeun nyimpulkeun pamanggih panon jeung ceuli supaya jadi jalan berfikir (eling) ka Anjeunna. Nyakitu deui Alloh nyiptakeun hawa nafsu, emosi/syahwat dina diri urang fungsina pikeun ngalawanan akal (iman).

Janji Alloh, sing saha jalma anu akalna eleh ku nafsuna maka eta jalma ahli naraka. Nyakitu deui sawangsulna, saur Alloh yen ciri jalma mu’min eta bakal mampu ngameunangkeun kana akal pikiranna sehingga bakal menang jaminan kabahagiaan di dunia sumawonna di akherat, buktosna langgeng di surga.

Penjelasan

Ari Alloh SWT. eta Dzat nu nyiptakeun sagala perkara, termasuk sagala situasi, kondisi jeung mangrupa-rupa bentuk takdir nu pasti karandapan ku makhluk-Na. Perkara nu katingali ku panon, nu kadenge ku ceuli jeung nu karasa ku diri urang tuluy diproses ku akal jeung pikiran, tangtu urang bakal jadi hamba nu “berpihak” ka Alloh. “Berpihak” tegesna ngalaksanakeun sagala parentah jeung ngajauhan sagala larangan-Na.

Hasil tangkapan fakta hirup (takdir) nu katingali ku panon, nu kadenge ku ceuli jeung nu karasa ku diri tuluy akal teu nyimpulkeun pikeun mihak ka Alloh, maka didawuhkeun ku Alloh dina surat Al-A’rof ayat 179 :

وَلَقَدۡ ذَرَأۡنَا لِجَهَنَّمَ كَثِيرٗا مِّنَ ٱلۡجِنِّ وَٱلۡإِنسِۖ لَهُمۡ قُلُوبٞ لَّا يَفۡقَهُونَ بِهَا وَلَهُمۡ أَعۡيُنٞ لَّا يُبۡصِرُونَ بِهَا وَلَهُمۡ ءَاذَانٞ لَّا يَسۡمَعُونَ بِهَآۚ أُوْلَٰٓئِكَ كَٱلۡأَنۡعَٰمِ بَلۡ هُمۡ أَضَلُّۚ أُوْلَٰٓئِكَ هُمُ ٱلۡغَٰفِلُونَ ١٧٩

“Jeung saestuna ku Kami geus dicawiskeun pikeun eusi naraka, mangpirang-pirang jin jeung manusa anu barogaeun hate tapi teu daek ngartikeun ku hatena, jeung anu baroga panon tapi henteu daek nenjo ku panonna, jeung anu barogaeun ceuli tapi henteu daek ngadenge ku ceulina. Maranehna teh kawas sato, malah maranehna leuwih sasar, nya maranehna teh jalma-jalma anu talaledor”.

Numawi, nalika akal manusa henteu digunakeun pikeun ngolah naon rupa nu kadenge ku ceulina, nu katempo ku panonna jeung sajabana pikeun berpihak ka Alloh SWT, maka eta jalma bakal dikersakeun jadi ahli naraka, Naudzubillah.

Nu jadi pertanyaan, Naha aya perkara di diri urang nu matak akal pikiran nyieun sikap nu teu berpihak ka Alloh ? aya, nyaeta Alloh ngadamel syahwat, hawa nafsu/emosi di diri urang.

Malah, kadang-kadang nu katempo ku panon, nu kadenge ku ceuli jeung nu karasa ku diri eta leuwih tiheula keneh direspon ku hawa nafsu/emosi dari pada ku akal sehat. Sehingga anu timbul teh lain akal pamikiran nu jernih tapi sikap hawa nafsuna diri.

Ciri jalma iman didawuhkeun ku Alloh SWT. dina surat Al-Anfal ayat 2 :

إِنَّمَا ٱلۡمُؤۡمِنُونَ ٱلَّذِينَ إِذَا ذُكِرَ ٱللَّهُ وَجِلَتۡ قُلُوبُهُمۡ وَإِذَا تُلِيَتۡ عَلَيۡهِمۡ ءَايَٰتُهُۥ زَادَتۡهُمۡ إِيمَٰنٗا وَعَلَىٰ رَبِّهِمۡ يَتَوَكَّلُونَ ٢

“Pastina jalma-jalma anu ariman teh ngan jalma-jalma anu upama disebut (asma) Alloh, lap hatena ngalenyap; jeung upama dibacakeun ka maranehna ayat-ayat-Na, jadi nambah kaimanan ka maranehna, jeung nya ka Pangeranna maranehna tawakal.”

Rek naon wae bentukna, iraha wae, dimana wae, saha wae, rek naon wae nu jadi sababna, kumaha wae situasi jeung kondisina takdir (fakta hirup) kudu dijadikeun jalan pikeun eling hate (berpihak) ka Alloh.

Lamun teu kitu, sakumaha ancaman Alloh dina Al-qur’an :

وَلَقَدۡ ذَرَأۡنَا لِجَهَنَّمَ كَثِيرٗا مِّنَ ٱلۡجِنِّ وَٱلۡإِنسِۖ .... الآية

Isukan di akherat bakal ngabring jin jeung manusa ka naraka narima kana babales ladang ma’siat keur di alam dunia. Naon ari ma’siat teh? Nyaeta teu patuh kana aturan Alloh SWT.

Naon nu jadi sabab dialabringkeun ka naraka? Nyaeta akal pamikiran/kaimananna kaelehkeun ku emosi, syahwat jeung hawa nafsu, tuluy teu aya upaya jeung gerakan diri pikeun nerjemahkeun fakta hirup jadi amal ibadah ka Alloh SWT.

Lamun dina setiap aya anugrah ngan sabatas jadi kabungah tanpa aya bentuk syukuran ka Alloh SWT, dina setiap masalah ngan ukur sabatas jadi kasedih tanpa aya kasabaran nu mangrupa upaya pengendalian diri taqwa ka Alloh SWT., maka aya ancaman Alloh dina surat Al-Baqoroh ayat 74 :

ثُمَّ قَسَتۡ قُلُوبُكُم مِّنۢ بَعۡدِ ذَٰلِكَ فَهِيَ كَٱلۡحِجَارَةِ أَوۡ أَشَدُّ قَسۡوَةٗۚ ....... الآية ٧٤

“Tuluy, saba’da kitu, hate maraneh jadi tareuas lir ibarat batu, malah leuwih teuas ti eta, ....”

Dina akhirna, manusa nu kitu moal dibere kesempatan saeutik oge ku Alloh tina setiap anugrah atawa penderitaan pikeun syukuran jeung sabar ka Anjeunna, Naudzubillahi min dzalik.

Nu jadi catatan pikeun urang nyaeta kudu bisa ngupayakeun dina ngendalikeun akal pamikiran diri sorangan sakumaha prinsip dasar syare’at Islam, yen agama Islam teh nyaeta :

وَضْعٌ اِلَهِىٌّ سَائِقٌ لِذَوِى الْعُقُوْلِ السَّلِيْمَةِ بِاخْتِيَارِهِمُ الْمَحْمُوْدَةِ اِلَى مَا يَصْلُحُ مَعَادَهُمْ وَمَعَاشَهُمْ. امّ البراهين, ص ٣

“Katetepan ti Pangeran nu ditujukeun pikeun nu baroga akal sehat, ku pamilihna sorangan kalawan teu aya pamaksa, pikeun kahirupan nu senang di dunia jeung di akherat”.

Naon bae bentukna fakta hirup boh nu katempo, kadenge atawa nu karasa ku diri eta kudu didaur ulang jadi kapasrahan ka Alloh ngajadi bentuk amal ibadah ka Anjeunna, sehingga urang bakal ngaraih janji Alloh nyaeta حَيَاةٌ طَيِّبَةٌ kahirupan anu indah di dunia jeung di akherat.

Numawi saur Syekh Ibnu Athoillah :

مَطَالِعُ الأَنْوَارِ اَلْقُلُوْبُ وَالْأَسْرَار .الحكم, الجز الاولى ص ١٠٧

“Tempat bijilna pirang-pirang cahaya (ma’rifat) nyaeta hate jeung akal pamikiran”

Tegesna, cahaya kama’rifatan/kaimanan bakal muncul ti diri jeung bakal mere cacaang ka batur nyaeta nalika hate jeung akal pamikiran mampu ngendalikeun situasi jeung kondisi (takdir) nu karandapan, sangkan ngajadi jalan ibadah ka Alloh SWT.

Mudah-mudahan urang salamina dipaparinan kacerdasan hate ku Alloh SWT. pikeun ngendalikeun diri jeung ngadaur ulang sagala bentuk fakta hirup ngajadi jalan ibadah ka Anjeunna, Aamiin Yaa Robbal Aalamiin.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar