بسم الله الرحمن الرحيم
Ari ma'rifat ka Alloh mawa kana kasucian jiwa, dina harti jalma geus ma'rifat pasti moal boga sifat-sifat goreng. Saperti ngunek-ngunek, sum'ah, riya, hubbul jah, hubbul mal, jsb. Kasucian jiwa bisa mawa kana amal sholeh, sedengkeun nu migawe amal sholeh tos dijangjikeun ku Alloh bakal di kifaratan dosana jeung bakal dibales ku balesan anu saluhureun tina amalna. Sakumaha dawuhan Alloh :
{ وَالَّذِينَ آٰمَنُوا وَعَمِلُوا الصَّالِحَاتِ لَنُكَفِّرَنَّ عَنْهُمْ سَيِّئَاتِهِمْ وَلَنَجْزِيَنَّهُمْ أَحْسَنَ الَّذِي كَانُوا يَعْمَلُونَ }
"Jeung ari jalma-jalma anu ariman jeung migawe amal sholeh, pasti bakal ngifaratan kana sakabeh dosana jeung bakal ngabales Kami kunu leuwih hade tibatan amalna".(QS. Al-Ankabut : 7)
Urang teh poho atawa inget, percaya atawa henteu yen dunya anu keur dicicingan teh pikeun pibekeleun hirup diakherat. Bungah didunya ngan saukur bungah tiruan, susah didunya ukur susah tiruan, hirup di dunya ngan sakadar jembatan pikeun hirup diakherat anu abadi jeung sajati. Jadi kabungah jeung kasusah anu saenyana mah engke diakherat. Atuh pikeun naon gunana hirup urang ayeuna anu ngan sakeudeung ? gunana nyaeta Alloh rek nyoba saha diantara aranjeun anu alus amalna ;
{ الَّذِي خَلَقَ الْمَوْتَ وَالْحَيَاةَ لِيَبْلُوَكُمْ أَيُّكُمْ أَحْسَنُ عَمَلًا وَهُوَ الْعَزِيزُ الْغَفُورُ }
“Alloh anu ngadamel maot jeung hirup, karana Alloh rek nyoba saha di antara aranjeun anu pang alusna amal.” (QS. Al-Mulk : 2)
Jeung supaya Alloh teu disebut dzolim ku ngasupkeunnana manusa kana naraka. Sabab ku diturunkeun ka dunya, jadi katingali mana jalma anu bener jeung anu salah, mana jalma anu tukang ibadah jeung mana jalma anu tukang nonggong ka Alloh. Sakumaha dawuhan Alloh :
{ وَمَا كَانَ اللهُ لِيَظْلِمَهُمْ وَلٰكِنْ كَانُوا أَنْفُسَهُمْ يَظْلِمُونَ }
"Jeung henteu ari Alloh eta anu dzolim ka aranjeun, tapi maranehannana anu dzolim dirina pribadi". (QS. Al-Ankabut : 40)
Ari ma'rifat ka Alloh bisa dipigawe ku tilu rupa : Dzikir lisan, Dzikir badan, Dzikir jinan / hate.
Ari nu bisa dipake dzikir lisan aya salapan :
1. Tasbih (Subhanaloh)
2. Tahmid (Alhamdulillah)
3. Takbir (Allohu Akbar)
4. Tahlil (Lailaaha Illaloh)
5. Haoqolah (La Haula Walaa Quwwata Illaa Billah)
6. Istighfar
7. Sholawat
8. Maca qur'an
9. Du'a.
Tina tasbih nepi kana Haoqolah disebutnaBaqiyyatus-Sholihah, sakumaha dawuhan Alloh :
{ اَلْمَالُ وَالْبَنُونَ زِينَةُ الْحَيَاةِ الدُّنْيَا وَالْبَاقِيَاتُ الصَّالِحَاتُ خَيْرٌ عِنْدَ رَبِّكَ ثَوَابًا وَخَيْرٌ أَمَلًا }
“Ari amal-amal anu hade anu tumetep eta leuwih alus ganjarannana di hadapan pangeran anjeun jeung leuwih alus dijadikeun harepan.” (QS. Al-Kahfi : 46 )
Sayid Utsman bin ‘Affan nafsiran ayatBaqiyyat As Sholihat (amal hade anu tumetep) ku bacaan anu lima tadi.
Ari dzikir badan nyaeta gerak jeung langkahna diri dijalan Alloh, boh anu mangrupa ibadah mahdloh (langsung ka Alloh) saperti Sholat, puasa, haji atawa anu ghoer mahdloh (henteu langsung) saperti tutulung ka batur, shodaqoh, ngomean jalan umum, jsb.
Ari dzikir jinan / hate nyaeta eling ka Alloh ku hate wungkul, boh eling ku jalan babacaan wungkul atawa ku jalan tafakkur jeung tadabbur.
Ieu dzikir anu tilu bisa kumpul dina Sholat, sabab dina Sholat aya babacaan jeung du'a anu kaasup kana dzikir lisan. Aya ruku', sujud, anu kaasup kana dzikir badan. Jeung hadirna hate (khusyu’) keur Sholat kaasup kana dzikir hate, malah jalma anu khusyu’ dina Sholat dijamin ku Alloh Bakal bagja dunya akherat.
{ قَدْ أَفْلَحَ الْمُؤْمِنُونَ (١) الَّذِينَ هُمْ فِي صَلَاتِهِمْ خَاشِعُونَ (٢)}
“Nyata bagja jalma-jalma anu ariman tur khusyu’ dina Sholatna”.(QS. Al-Mu'minun : 1-2)
Sholatna bisa nyegah tina pagawean goreng jeung kamungkaran.
{إِنَّ الصَّلَاةَ تَنْهَى عَنِ الْفَحْشَاءِ وَالْمُنْكَرِ وَلَذِكْرُ اللهِ أَكْبَرُ وَاللهُ يَعْلَمُ مَاتَصْنَعُونَ }
“ Saenyana Sholat eta bisa nyegah kajahatan jeung kamunkaran, saestuna dzikir ka Alloh (kujalan Sholat) eta leuwih agung. Ari Alloh eta anu uninga kana perkara anu dipigawe ku aranjeun.” (QS. Al-Ankabut : 45)
Sholatna bisa dipake tulung ka Alloh.
{ وَاسْتَعِينُوا بِالصَّبْرِ وَالصَّلَاةِ وَإِنَّهَا لَكَبِيرَةٌ إِلَّا عَلَى الْخَاشِعِينَ }
“Kudu menta tulung aranjeun kujalan Sholat jeung shobar, saenyana Sholat eta beurat karasana kajaba pikeun jalma-jalma anu khusyu’.”(QS. Al-Baqoroh : 45)
Ma'rifat ka Alloh mawa kana kasucian jiwa, kasucian jiwa mawa kana amal anu sholeh, amal sholeh bisa jadi kifarat kana dosa. Kusabab kitu usahakeun supaya diri bisa ma'rifat ka Alloh, anu Insya Alloh lamun geus bisa ma'rifat ka Alloh pasti bakal tengtrem jiwa, moal putus asa jeung ngarasula dina ngambah sagara kahirupan anu moal langgeng.
R
Tidak ada komentar:
Posting Komentar