_Bismillah janten wiwitan,
ieu sya'iran nadzoman,
carita di akhir zaman,
pinuh ku kamaksiatan,
_akhlaq moral para jalma,
kantos awon kapandangna,
conto contona geus loba,
balatak di mana mana,
_pembunuhan perjudian,
miras rejeung perzinahan,
dugikeun ka loba korban,
sabab akhlaq jalma edan,
_perkosaan pencopetan,
rajeun oge penculikan,
jelema kapengpeongan,
ku akhlaq awon sorangan,
_geus teu sieun kana dosa,
teu sieun kanu kawasa,
hirup ngareunah di dunya,
calon pangeusi naraka,
_sabab awon dina gaul,
janten jalma baragajul,
hirup ngaler rejeng ngidul,
pamaksiateun di agul,
_para pamuda lalaki,
gaulna ge beda deui,
batur mah ka majlis ngaji,
ieu kalah maen judi,
_pamuda oge garetol,
getol nginuman alkohol,
dicampur ku cai botol,
tambahan ku obat bentol,
_atawa maraen gitar,
kamana mana kawentar,
nongkrong digalur ngajajar,
rarajeunan osok ngampar,
_manjing saban waktos magrib,
pamuda oge tarertib,
ngobrol bae sing arajib,
dimana mana kantos ghalib,
_ulin katempat teu beneur,
kana maksiat mah ginceur,
ngahiji jeung budak badeur,
tung2na marabok eukeur
_para istri nu ayeuna,
ABG na rata rata,
ulin pagaweanana,
wani nyentak ka kolotna,
_pajarkeunna eta gaul,
u-ulinan bari ngebul,
ngahiji jeung jalma bahlul,
tung2na beteung ngabendul,
_teu di tiung ge teu aneh,
zaman ayeuna geus akeh,
loba istri anu repeh,
ku tontonan anu ngoceh,
_boroning anu di tiung,
komo deui nu di cindung,
akhlaq awon hirup linglung,
tung2na beuteung melenung,
_zaman kiwari mah edan,
loba ku pamaksiatan,
nu teu sieun ka Pangeran,
Na'udzubillah jauhan,
_naraka tempatna siksa,
pikeun jalma nu doraka,
antara nu henteu taraqwa,
taqwa ka anu kawasa,
_kumantak geura areling,
dunya teh tereh tiguling,
jalma-jalmana ngacamling,
kudu sieun hey anaking,
_hayu urang tararobat,
kantunkeun eta maksiat,
meh ku Allah teu di laknat,
di dunya rejeung akherat,
_kedah emut kana maot,
sareng emutan ka kolot,
kana dosa tong molotot,
amalan sholeh tong ro`ot,
_kahirupan urang didunya,
ngan sakeudeung henteu lila,
nu hartosna samentara,
kana dosa tong kabawa,
_dunya mah ukur jambatan,
keur ibadah ka Pangeran,
didunya teh nyengcelengan,
amalan sholeh lakonan,
_urang ulah ka barawa,
kabawa sa kaba-kaba,
jauhan perkara dosa,
sing harade dina taqwa,
_amalan sholeh lakonan,
eta anu leres pisan,
masing du'a ka Pangeran,
teubihkeun godaan setan,
_kade dina amal sholeh,
kedah terang elmu maneh,
ngarah manfa'at nu akeh,
elmu amalna sakabeh,
_kedah teurang kana elmu,
ngarah ibadah tarimu,
ibadah oge saliru,
mun elmu tacan patemu,
_dimana milari elmu,
nyata di majlis di tuju,
geura ngaos ka pun guru,
ngaos ikhlas bari khusu,
_dupi uninga elmu mah,
bakal leres na ibadah,
ibadahna oge genah,
ku elmu mah moal salah,
_kantunkeun hal anu awon,
ulah mikir naon-naon,
ka majlis urang nyelegon,
nyata ngaos eta cumpon,
_ngaos lain pikeun santri,
atawa pikeun kiyai,
tapi keur sadaya jalmi,
nu muslim dina agami,
_kusabab elmu teh penting,
keur sadaya hey anaking,
urang ka majlis pek kuping,
tong heureuy angguran cicing,
_dupina sya'iran buntung,
ieu anu janten tungtung,
pamugi janten pitulung,
ti Gusti nu maha Agung,
_hapunteun anu kasuhun,
bilih lepat dina ngintun,
lamun kirang sopan santun,
punten pisan hatur nuhun,
Fähmý Sýå'îdäñ As-sýärqî
Bogor
Tidak ada komentar:
Posting Komentar