Sabtu, 13 Februari 2016

MENYIKAPI PERMASALAHAN HIDUP


ربما وجدت من المزيد فى الفاقات مالا تجده فى الصلاة والصوم

"Terkadang kamu menemukan suatu limpahan dari berbagai faqoh, yang tidak kamu temukan dalam sholat dan puasa"

Dalam menjalani kehidupan, siapapun orangnya pasti akan menemukan masalah; ekonomi terpuruk, dililit hutang, terancam PHK, masalah keluarga, sulit punya anak, sampai susah mendapatkan pasangan hidup dan banyak lagi masalah-masalah lain.
Dalam istilah kitab al hikam, kesulitan-kesulitan atau masalah tersebut dikenal dengan faqoh.

Banyak orang tidak menyukai faqoh, karena tidak enak bagi nafsu dan bertentangan dengan syahwat. Banyak pula orang yang salah dalam menyikapi faqoh tsb; mengeluh, putus asa menyalahkan taqdir bahkan ada yang sampai bunuh diri. Lalu bagaimana sebaiknya kita menghadapi faqoh?
Sekurang-kurangnya ada dua sikap yang harus kita ambil :

1. Muhasabah/Instropeksi diri; mungkin faqoh tsb menimpa kita karena kesalahan kita sendiri, misalkan kurang baik dalam memenuhi kewajiban kita kepada Alloh, atau kewajiaban kita selaku makhluk sosial. Maka segera perbaikilah !

2. Meluruskan pemahaman tentang faqoh, memandang faqoh sebagai suatu hal yg positif

Pada hikmah yang disebutkan di awal, syekh ibn athoillah assakandari ra. memberi pemahaman positif sekaligus memberi kita motivasi agar optimis dalam menghadapi faqoh. Beliau mengungkapkan bahwa terkadang didalam faqoh kita mendapatkan limpahan dari Alloh yang tidak kita dapatkan dari sholat dan shaum, diantaranya berupa bersihnya qalbu, sucinya sir serta kedekatan dengan Alloh.
Hal itu disebabkan karena terkadang didalam sholat dan shaum masih terselip kepuasan-kepuasan syahwat, tak jarang kita berbangga diri (takabbur) karena telah bisa melaksanakan sholat dan shaum, kemudian memandang hina orang-orang yang belum bisa melaksanakannya, atau dengan sholat dan shaum tersebut kita mencari kedudukan di hati manusia (riya), ingin disebut ahli ibadah dan lain-lain.

Sebaliknya, faqoh yang menimpa kita, tidak ada bagian syahwat didalamnya, yang ada hanya membuat kita merasa lemah dan hina dihadapan Alloh, kitapun menjadi tawadhu kepadaNya. Dalam keadaan sperti ini kita dekat dengan Alloh. Imam al Ghazali dalam kitabnya minhajul abidin mengutip sebuah hadis Qudsi

انا عند المنكسرة قلوبهم

Aku beserta mereka yg pecah hatinya

وَلَقَدْ نَصَرَكُمُ اللَّهُ بِبَدْرٍ وَأَنتُمْ أَذِلَّةٌ ۖ فَاتَّقُوا اللَّهَ لَعَلَّكُمْ تَشْكُرُونَ
(ال عمران ١٢٣)

"Dan benar-benar Alloh telah menolong kalian semua pada perang badar, dalam keadaan kalian (merasa) hina/lemah. Maka bertakwalah kepada Alloh, pasti kalian bersyukur (ali imron 123)

Marilah kita sama-sama belajar menjadikan faqoh sebagai sarana perbaikan diri dan jembatan untuk lebih dekat denganNya.

Tulisan ini dibuat oleh santri Ponpes Azzainiyyah

Kamis, 11 Februari 2016

Buhur

مسئلة ج اخراق البخور عند ذكر الله و نحوه كقراءة القرأن و مجلس العلم له اصل فى السنة من حيث ان النبى صلى الله عليه و سلم يحب الريح الطيب الحسن و يحب الطيب و يستعملها كثيرا

بلغة الطلاب ص 54-53

“Membakar dupa atau kemenyan ketika berdzikir pada ALLAH dan sebagainya seperti membaca al-Qur’an atau di majlis-majlis ilmu, mempunyai dasar dalil dari al-Hadits yaitu dilihat dari sudut pandang bahwa sesungguhnya Nabi Muhammad SAW menyukai bau wangi dan menyukai minyak wangi dan beliau pun sering memakainya .”
(Bulghat ath-Thullab halaman 53-54).

قال بعض أصحابنا ويستحب أن يبخر عند الميت من حين يموت لانه ربما ظهر منه شئ فيغلبه رائحة البخور

“Sahabat-sahabat kita (dari Imam Syafi’i) berkata: “Sesungguhnya disunnahkan membakar dupa di dekat mayyit karena terkadang ada sesuatu yang muncul maka bau kemenyan tersebut bisa mengalahkan/ menghalanginya.”
(Al-Majmu’ Syarh Muhadzdzab juz 5, halaman 160)

Rabu, 03 Februari 2016

Naon Nu Pangdipikabutuhna Ku Urang Salaku Hamba?

Miftahul Huda

Alloh SWT. eta Dzat anu Maha Beunghar anu janji bakal maparin kabeungharan-Na ka manusa. Saha anu bakal dipaparin kabeungharan ku Alloh?, nyaeta jalma-jalma anu nganyatakeun kafaqirannana ka Alloh SWT.

Beunghar anu sajati lain wungkul boga sagala, fakir nu sajati lain ku pedah sagala teu aya. Hakikat beunghar jeung fakir nyaeta aya dina pikiran jeung perasaan. Sedengkeun teu aya deui nu ngabulak-balik pikir jeung perasaan iwal Alloh SWT.

Penjelasan

Alloh ngadawuh dina surat Fathir ayat 15 :

يَٰٓأَيُّهَا ٱلنَّاسُ أَنتُمُ ٱلۡفُقَرَآءُ إِلَى ٱللَّهِۖ وَٱللَّهُ هُوَ ٱلۡغَنِيُّ ٱلۡحَمِيدُ ١٥
"Yeuh manusa!, maraneh teh jalma-jalma anu barutuh ku Alloh, sedengkeun Alloh, nya Anjeunna nu Maha Beunghar, nu Maha Pinuji".

Kabeungharan jeung kafakiran nu sabenerna ukur rarasaan wungkul, sabab loba nu beunghar sagala boga tapi teu weleh ngarasa kurang wae, sagala butuh sagala teu mahi. Aya oge jalma nu teu boga tapi hirupna ngarasa cukup, malah sering syukur kana pamasihan ti Alloh.

Salaku manusa, sarua sok dahar dina hiji meja, laukna sarua, dagingna sarua, nu sejen pada ni’mat tapi aya saurang nu sagala teu ngeunah.

Naon nu pang dipikabutuhna ku urang salaku hamba?, nu pang dipikabutuhna ku urang sarerea nyaeta rohmat jeung karunia Alloh sangkan meunang kabagjaan dunya akherat, butuh jeung fakir ku rohmat jeung pangampura Alloh sangkan dijauhkeun tina siksa jeung laknat.

Rasa Butuh jadi Kunci Kamulyaan


KH. Abdul Aziz Affandy
miftahul-huda.com

Kaagungan jeung kamulyaan di khususkeun pikeun Alloh, para utusan Alloh jeung pikeun sadaya nu ariman. Moal dibikeun kamulyaan jeung kaagungan ka jalma anu Munafiq. Alloh oge maparin petunjuk anu kudu dilakukeun ku jalma Mu’min pikeun menangkeun kaagungan jeung kamulyaan nyaeta kudu ngarasa jadi hamba Alloh anu butuh ku Alloh.

Moal jadi mulya jalma anu butuh ku harta jeung kamulyaan. Salah sawios kisoh ngabuktikeun disaat Qorun, dirina jeung sagala milikna di lelepkeun kana jero taneh.

Penjelasan

Hayu urang dangukeun nasehat ti Ahli Elmu jeung Ahli Hikmah. Jalmi anu ilmu oge imana tinggi. Anjeuna masihan komentar tina masalah tujuan emosi anu aya dina diri, tujuan nafsu anu aya di sakabeh manusa. Dimana ilahar sadayana oge hoyong kaluar tina ruang masalah anu poek, hoyong indit ka lapangan ti kamar anu sempit. Dirina terus-terusan protes, neangan hiji perkara anu enak.

Pikeun ngaraih harapankangge ngabuka rante anu meulit dina diri, sok aya jalan pintas anu ngamanfaatkeun pikeun mengkolkeun dirina. Sahingga satiap waktu jeung satiap saat dipake lempang, tapi sakabeh laku lampahna sok ninggalkeun naon wae parentah Alloh anu tumiba ka dirina. Bahkan wani ngalakukeun naon wae perkara anu di haramkeun ku Alloh. Eta mah jalan pintas anu sasar. Padahal Alloh swt tos ngadawuhkeun dina surah al-Munafiqun ayat 8:

وَلِلَّهِ الْعِزَّةُ وَلِرَسُولِهِ وَلِلْمُؤْمِنِينَ وَلَكِنَّ الْمُنَافِقِينَ لا يَعْلَمُونَ

“Saenyana tahta kamulyaan ku Alloh ngan ukur di spesialkeun pikeun Alloh, para utusan Alloh jeung manusa anu Iman. Diluar anu eta mah (Munafik) moal di bere.” (Q.S. al-Munafiqun:8)

Jadi lamun urang hayang kaluar tina masalah kahirupan, ulah aprak-aprakan jeung indit teu puguh, tapi kudu indit anu jelas. Alloh masihan jaminan sukses anu ageung pikeun jalma anu Iman.

Bahasa sukses teh umum tergantung pandangan persfektif urang ningali bahasa sukses eta. Kokolot desa bisa jadi jalma anu paling sukses, tapi di pandangan camat mah eta jadi anak buahna. Jadi sukses anu murni mah sukses anu global.

Jalmi Mu’min anu kumaha nu bisa menangkeun kasuksesan ti Alloh?? Dina surah Fatir ayat 15 Alloh ngadawuhkeun:

يَا أَيُّهَا النَّاسُ أَنتُمُ الْفُقَرَاء إِلَى اللَّهِ . وَاللَّهُ هُوَ الْغَنِيُّ الْحَمِيدُ

“Mu’min anu bisa mosisikeun diri pribadi nu sabenerna. Dina dirina tumbuh rasa faqir, rasa butuh tapi lain butuh kana material anu teu aya, tapi butuh kana dzat Alloh anu maha sugih.” (Q.S. Fatir:15)

Dina harti anu bisa menangkeun kamulyaan Alloh mah jalma anu tumbuh dina pikiran jeung prasaana butuh ku Alloh.

Ari butuh mah da sarerea ge ker butuh, tapi kabutuhan anu loba teu ngajadikeun syarat pikeun turuna kamulyaan (‘izzah) ti gusti Alloh. Sabab ‘izzah anu di turunkeun ka jalmi Mu’min eta mah wungkul pikeun Mu’min anu mikir jeung boga rasa bahwa hirup teh butuh ku Alloh. Teu aya deui anu di pikabutuh iwal ti ka Alloh.

Alloh ngadugikeun bahwa jalma Munafik moal kabagean. Sabab Munafik mah anu ngecap dirina muslim tapi teu pernah ngaflikasikeun kaimananana, teu pernah ngalakukeun titah parentahna Alloh.

Urang ges boga dasar pikeun menangkeun kaunggulan anu di paparinan ku Alloh nyaeta ayana iman, tinggal numbuhkeun rasa faqir (butuh) ka Alloh ku jalan ngalaksanakeun imtistal jeung ijtinabna Alloh.

Ibnu ‘Athoilah dina kitab Hikam masihan kata-kata hikmahna:

تَحَقَّقْ بِأَوْصَافِكَ يَمُدُّكَ بِأَوْصَافِهِ، وَتَحَقَّقْ بِذِلِّكَ يَمُدُّكَ بِعِزِّهِ، وَتَحَقَّقْ بِعِجْزِكَ يَمُدُّكَ بِقُدْرَتِهِ، وَتَحَقَّقْ بِضَعْفِكَ يَمُدُّكَ بِحَوْلِهِ وَقُوَّتِهِ

“Nyatakeun sifat anu aya didiri anjeun, maka Alloh bakal masihan lobana pertolongan. Nyatakeun dina hate saenyana diri ngarasa anu hina, maka Alloh bakal nurunkeun kamulyaanana. Saha anu ngarasa teu walakaya, maka kamampuan Alloh bakal dibikeun. Saha anu ngarasa diri lemah dihadapan Alloh maka kakuatan Alloh bakal diturunkeun ka eta jalma.”

Ieu lain rekayasa, lain basa basi tapi janjina Alloh. Sajauhmana tingkat iman urang, maka sajauh eta oge pemahaman jeung pengertian anu aya di diri urang.

Hikmah Tina Muterna Kahirupan



KH. Khoeruman Azam
miftahul-huda.com

Dawuh Gusti Allah dina al-Qur’an surat al-Hadid ayat 22 :

مَآ أَصَابَ مِن مُّصِيبَةٖ فِي ٱلۡأَرۡضِ وَلَا فِيٓ أَنفُسِكُمۡ إِلَّا فِي كِتَٰبٖ مِّن قَبۡلِ أَن نَّبۡرَأَهَآۚ إِنَّ ذَٰلِكَ عَلَى ٱللَّهِ يَسِيرٞ ٢٢
“Teu pati-pati aya anu keuna tina musibah ti bumi jeung teu aya anu keuna dina pirang-pirang diri aranjeun kajaba geus aya dina tulisan samemeh kami ngajadikeunna. Eta kajadian teh supaya maraneh teu putus asa kana perkara anu lepot ka maraneh jeung maraneh teu bubungahan ku perkara anu datang ka maraneh. Alloh teu mikaresep ka sakur anu gumede tur anu sombong.”

Penjelasan

Pidawuh Alloh Robbul ‘Alamin ngageuingkeun supaya manusa salawasna eling ka Gusti Alloh keur situasi nu kumaha wae, situasi jeung gelombang hidup anu saling gantian. Tandaning aya nu natur, nyatana Alloh nu maha ngatur. Manusa teu leupas aya dina aturan Allah SWT, Mudabbirul Kholaa’iq anu ngatur ka makhluqna.

Riwayat manusa gelombangna saling gantian antara musibah jeung ni’mat anu katarima di alam dunya. Musibah seperti jatuh miskin, subur jadi paila, lancar usaha jadi macet jeung satuluyna, pokokna sakur kajadian anu teu akur jeung kahayang diri. Ni’mat seperti tas paila, paceklik pinanggih jeung panen, nyalon hasil tina pilihan eta oge ni’mat. Ieu kabeh kajadian anu nimbulkeun kana rasa bagja jeung lara teu samata-mata katarima, kajaba geus leuwih tiheula tercatat di Lauhilmahfudz-Na.

Nalika parantos di Kun Fayakuun ku Alloh SWT. manusa teu bisa nyingcet tina eta kajadian. Ieu masalah taqdir anu saling bergantian anu katarima kanggo Allah teu jadi kasulitan. Poe kamari jalma boga rasa bagja jeung senang, poe isukna si bagja jeung si senang leungit. Nyakitu deui sabalikna pikeun Alloh teu aya anu sulit.

Dibulak-balikeun kajadian kieu teh masing-masing aya hikmahna. Ku Allah dibere ni’mat kabungah teu mayeng dina kasusah jeung musibah, supaya manusa teu putus asa. Lamun anggeur wae dina musibah jeung prihatin, ngahawatirkeun hamba putus asa. Nyakitu deui nalika ku Allah dibere rasa kasusah, lamun terus dibere ngageuleuyeung dina ni’mat, tung-tungna bisa jadi dipake adigung jeung sombong, lain dipake syukur ka Alloh SWT.

Maka, rahasia tina dawuh Alloh SWT. dina surat al-Hadid ayat 22, nyaeta mangrupa-rupa kaayaan taqdir nu katarima kudu sing bisa dipake bahan eling urang ka Mantenna. Ku menangna ni’mat kudu dipake deket ku jalan syukur. Dibere musibah jadi bahan deket ka Allah ku jalan shobar. Lantaran lamun teu bisa di jadikeun proyek jalan ibadah ka Alloh, bisa ngabahayakeun kadiri. Dawuhan Kanjeung Rosululloh SAW :

لَا يَدْخُلُ الْجَنّةّ اِلَّا مَنْ كَانَ صَابِرًا وَ شَاكِرًا
“Moal asup ka surga, kajaba hamba anu sok shobar jeung syukur.”

Saking benduna Alloh ka jalma nu tara shobar jeung syukur, dina hadist qudsi Alloh ngadawuh :

مَنْ لَمْ يَصْبُرْ عَلَى بَلَاءِي وَ لَمْ يَشْكُرْ عَلَى نَعْمَاءِي فَالْيَخْرُجْ مِنْ تَحْتِ السَّمَاءِ وَالْيَتْبُعْ مِنْ رَبًّا سِوَاءِي.
“Saha jalma anu teu bisa shobar menghadapi musibah ti Kami, teu bisa syukur kana ni’mat nu dibere ku Kami, maka geura kaluar ti kolong langit, pek teangan pangeran salianti Kami”.

Mafhumna tina eta hadist qudsi nyaeta nalika menang musibah kudu shobar, nalika dibere ni’mat kudu syukuran. Nu kitu anu bakal dipikaasih jeung istimewa munguh Alloh SWT., Keur bagja euling, keur lara oge euling.

Mudah-mudahan urang sadayana Ku Alloh dikersakeun aya dina posisi anu bieu. Teu aya deui anu pangmulya-mulyana anging jadi jalma anu dipikaasih, dipikaheman jeung dipikacinta nyatana jalmi-jalmi anu taqwa ka Alloh SWT.

Akibat Pikeun Jalma Nu Ngabohongkeun Tanda Kakawasaan Alloh SWT.

miftahul-huda.com

Urang didamel ku Alloh janten jalmi nu lemah sehingga butuh ka Alloh Dzat nu Maha Kuat tur Maha Beunghar, ku cara ngalakukeun parentahan jeung ngajauhan anu dilarang.

Lamun urang boga laku lampah anu sabalikna, parentah teu dilakonan sedengkeun larangan dilakonan, eta hiji bukti yen urang teu butuh ka Alloh SWT.

Pikeun jalma model kitu, maka Alloh moal ningkatkeun kualitas kamanfaatan omongannana, moal ningkatkeun kaalusan laku lampahna, dimana-mana maot ruhna eta jalma ditutup moal bisa asup kana panto langit.

Penjelasan.

Dawuh Alloh dina surat Al-A’rof ayat 40

إِنَّ ٱلَّذِينَ كَذَّبُواْ بِ‍َٔايَٰتِنَا وَٱسۡتَكۡبَرُواْ عَنۡهَا لَا تُفَتَّحُ لَهُمۡ أَبۡوَٰبُ ٱلسَّمَآءِ وَلَا يَدۡخُلُونَ ٱلۡجَنَّةَ حَتَّىٰ يَلِجَ ٱلۡجَمَلُ فِي سَمِّ ٱلۡخِيَاطِۚ وَكَذَٰلِكَ نَجۡزِي ٱلۡمُجۡرِمِينَ ٤٠
Saestuna jalma-jalma anu ngabohongkeun ayat-ayat Kami jeung takabur teu daek narimana, nya pikeun maranehna moal dibukakeun lawang-lawang langit, jeung maranehna moal arasup ka sawarga najan nepi ka onta bisa asup kana liang jarum oge. Tah kitu Kami nibankeun wawales ka jalma-jalma anu ngalampahkeun kajahatan teh.

Upami urang ditanya, ari Alloh Maha Kawasa? Tangtu jawabanna, Alloh Maha Kawasa. Tah jawaban eta teh terkadang sebatas tina elmu pengetahuan (apal) wungkul, can ngajadi sikap jeung proses diri dina ngajalani kahirupan.

Buktina nyaeta, Nalika urang apal jeung ngayakinkeun yen Alloh nu Maha Kawasa, Maha Uninga, Maha Ngadangu, upami ditingali dina sikap jeung kalakuan diri terkadang sok berlawanan. Sabab kasimpulan nalika urang apal yen Alloh Maha Ningali, (sakuduna) pasti bakal muncul perasaan ditingali ku Alloh.

Conto sederhana, nalika urang apal (yakin) yen indung bapa aya di imah tur urang ge aya di imah, maka bakal aya sikap prilaku nu di ukur ku diri, sakira nu matak picarekeun indung bapa mah moal dilakukeun, tegesna bakal ngalakukeun nu dipikaresep ku indung bapa. Sabalikna, nalika teu ngarasa indung bapa aya di imah, biasana naon rupa nu dicarek ge sok dilakukeun. Ieu hal nu teu bisa dibantah ku diri.

Saur Syekh Ibnu Athoillah dina Al-Hikam juz 1 hal. 42 :

مِنْ عَلَامَاتِ مَوْتِ الْقَلْبِ, عَدَمُ الْحُزْنِ عَلَى مَا فَاتَكَ مِنَ الْمُوْبِقَاتِ, وَتَرْكُ النَّدَمِ عَلَى مَا فَعَلْتَهُ مِنْ وُجُوْدِ الزَّلَاتِ.
Termasuk ciri jalma nu maot hatena nyaeta jalma nu teu aya rasa nalangsa tina rupa-rupa kesempatan jeung waktu nu geus kaliwat, teu bisa ngagunakeun waktu kalawan bener. Kesempatan pikeun ibadah kalah ditinggalkeun, tapi ari kesempatan maksiat ka Alloh kalah di teangan.
Manusa, tegesna diri urang bakal ka asup jalma nu ngabohongkeun kana tanda-tanda kakawasaan Alloh, nyaeta nalika sikap jeung prilaku teu aya kaselarasan jeung naon nu yakinkeun. Da jalma nu ngayakinkeun bener-bener mah pasti katingali bakal aya perubahan positif dina dirina.

Naon nu dimaksud sombong jeung ngabohongkeun ka Alloh? Nyaeta sikap diri nu henteu aya kata’atan kana parentah Alloh jeung kana ngajauhan larangan-Na. Pikeun jalma nu ngabohongkeun ka Alloh, maka saur para Ulama ngajelaskeun bakal timbul akibat :

1. Naon wae nu diucapkeun jeung dilakukeun di alam dunya moal muncul kamanfataan, hirupna moal produktif mungguh Alloh, malah bakal jadi beban pikeun jalma-jalma sakurilingeunna.

2. Nalika maot (ruh pisah jeung jasad), maka kahirupan di alam barzakhna bakal meunang kasangsaraan nu luar biasa.

Lamun teu buru-buru eling, teu buru-buru ngarobah diri ti ayeuna, maka Alloh bakal ngersakeun paeh hate satuluyna. Sahingga dina diri moal aya ghiroh (semangat jeung motivasi) pikeun taqwa ka Alloh SWT., Naudzubillahi min dzalik.

Mudah-mudahan ngalangkungan ieu nasihat, urang sadaya tiasa langkung paham kana makna hirup nu sabenerna. Aamiin Yaa Robbal Alamiin.

Senin, 01 Februari 2016

3 gambaran sekelumit kanyaah Alloh dina ngutusna Kanjeung Nabi

KH. Jaja Abdul Jabbar
miftahul-huda.com

Alloh SWT. parantos ngadawuh dina al-Qur’an suroh al-Anbiya ayat 107 :

.وَمَا أَرْسَلْنَاكَ إِلَّا رَحْمَةً لِلْعَالَمِينَ
“Teu pati-pati ngutus kami ka anjeun (Muhammad) kajaba jadi kanyaah pikeun sakabeh alam”َ Q.S.Al-Anbiya:107.

Para Ulama ngajelaskeun nu dimaksad ku ’aalamin nyaeta isim anu tuduh kana jama’ nu eusina khusus pikeun makhluk anu berakal. Atuh eusina Jin jeung Manusa.

Pikeun ngarasakeun diutusna Kanjeung Rosululloh SAW ka alam dunya jeung nganyatakeun kanyaah Allah ka Jin jeung Manusa khususna, peryogi mengkaji kaayaan-kaayaan diri pribadi sebagai Manusa. Upami di telaah diri sebagai manusa, maka Allah nyiptakeun manusa teh ngagaduhan makna:

1. Manusa teh sebagai makhluk hirup anu boga kahayang kalawan karep sorangan, disebut makhluk biologi.

2. Sebagai makhluk anu boga kapercayaan jeung kayakinan bahwa dibalik alam semesta ieu aya sang pencipta tur maha kawasa anu kudu di baktian, disebut makhluk teonimitis.

3. Sebagai makhluk gotong royong, makhluk anu teu bisa hirup nyorangan tapi selalu ngabutuhkeun kana bantuan anu sejen, disebut makhluk sosial.

Penjelasan

Ku ayana manusa diciptakeun sebagai makhluk biologi anu boga kahayang, boga syahwat jeung nafsu birahi, lamun bae dianteup teu aya etika jeung norma anu ngatur, maka manusa bakal hirup sakadaek, bakal hirup seperti sato, akhirna moal puguh susunan turunan.

Alloh ngutus Rosul anu ngawartoskeun jeung ngadugikeun hukum ti Alloh kana aturan-aturan anu ngatur kahirupan umat manusa di alam dunya. Pikeun ngalampiaskeun nafsu birahina maka aya aturan-aturan anu diajarkeun ku Kanjeung Rosululloh saw, melalui hukum fiqh. Saparapat hukum fiqh anu ngatur urusan pertikahan.

Didie karaos pisan kanyaah Alloh SWT ka umat manusa ku marentahkeun Rosululloh SAW sebagai pelantara ayana aturan-aturan jeung larangan-larangan anu ngabatasi kahirupan umat manusa. Sehingga turunan manusa bisa puguh panca kakina, aya dulurna, lancekna, adina sahingga timbul ayana rasa kekeluargaan.

Satuluyna, manusa sebagai makhluk anu ngabogaan kapercayaan jeung kayakinan. Kayakinan manusa timbul timimiti dilahirkeun. Asal muasal diciptakeuna manusa kabeh ge narima kana ayana Islam jeung sang pencipta dibalik alam semesta ieu. Tapi eta kayakinan bakal beraneka corak ragam upami teu aya bimbingan jeung tuntunan. Lamun umat manusa dianteup sina berfikir masing-masing, eta bakal timbul ribuan bahkan jutaan kayakinan. Sebagian manusa aya anu berfikir sang pencipta nu masihan kahirupan dialam dunya ieu nyaeta matahari, sahingga boga kayakinan yen pangeran teh eta sang surya saperti kayakinana orang Jepang. Aya deui anu boga kayakinan pangeran teh bentang-bentang. Loba nu nyangka pangeran teh anu calik dina batu gede atawa anu cicing dina tatangkalan seperti kayakinana animisme. Nu pasti, upami teu aya wahyu anu di dugikeun ku Kanjeung Nabi, saha pencipta alam dunya, bakal nimbulkeun beraneka ragam kayakinan. Kayakinan seperti kitu moal bisa nganterkeun manusa kana kabagjaan di dunya jeung di akherat.

Ku margi kitu, diantawisna deui kanyaah Alloh tina ngutus Rosul sebagai rahmatan lil’alamin nyaeta supaya manusa boga hiji kayakinan jeung ngajait umat manusa supaya tina ladang kayakinanana tepi kana kabagjaan haqiqi di akherat. Kumargi kitu urang sadaya wajib ngabogaan rasa cinta ka Kanjeung Rosululloh SAW.

Anu terakhir manusa diciptakeun ku Alloh sebagai makhluk sosial anu butuh bantuan sejeun teu bisa hirup sorangan. Kusabab kitu manusa mah hirup berkelompok. Timimiti kelompok kecil suami istri terus di lengkapan ku anak incu. Tina kumpulan kelompok keluarga jadi aya Rukun Tetangga, ngahiji jadi Rukun Warga, Desa, Kecamatan, Kabupaten katut Provinsi sampe jadi hiji Nagara. Ieu teh nyirikeun manusa makhluk sosial.

Ieu ge peryogi aya etika jeung norma anu ngatur, lantaran lamun bersosial diantep bakal timbul perpecahan. Nu gede bakal nindas anu leutik. Tapi kusabab ayana kanyaah Alloh SWT tina nyiptakeun hiji utusan ti manusa,pikeun jadi pelantara antara Alloh jeung hambana ngabejakeun kana ajaran-ajaran anu patali jeung kaperluan manusa supaya tartib, maka aya bab muamalat.

Ieu kabeh pembuktosan sakalumit tina di ciptakuena Kanjeung Nabi SAW sebagai tanda bukti kanyaah Alloh ka umat manusa. Alloh anu mikanyaah, Kanjeung Nabi anu mantun kanyaah ti Alloh ka urang. Jadi lamun urang wajib bersyukur ka alloh anu mikanyaah, maka uarng ge wajib bersyukur ka saha anu mantun kanyaah ka urang nyatana Kanjeung Nabi Muhammad SAW.