Kahiji, bagja jalma nu sholatna khusyu’, khusyu’ dlohirna, khusyu’ bathina. Sakumaha pidawuh Allah anu kaunggel dina Al -Qur’an surat al-Mu’minun ayat 1-2:
قَدْ اَفْلَحَ الْمُؤْمِنُوْنَ . الَّذِيْنَ هُمْ فِيْ صَلـوتِهِمْ خَاشِعُوْنَ
“Saestuna geus bagja jalma-jalma mu’min teh. [nyaeta] jalma-jalma anu pada khusyu’ dina sholatna.”(Q.S. al-Mu’minun:1-2)
Kadua, sholat teh tempat munajatna hamba ka Dzat Allah, kanjeng Nabi nagdawuh:
اِذَاكَانَ فِي الصّلَاةِ فَاِنَّهُ يُنَاجِيْ رَبَّه
“Dimana-mana hamba aya dina keur sholat, saestuna manehna keur munaajat ka pangeranana”.[HR Bukhori juz 2 kaca 62]
Katilu, pangheulana hisaban amal di aherat nyaeta sholat. Dimana beres sholatna, maka di anggap beres amal anu sejena. Dawuhan Kanjeung Rosul:
اِنَّ اَوَّلَ مَايُحَاسَبُ بِهِ الْعَبْدُيَوْمَ الْقِيَامَةِ مِنْ عَمَلِهِ صَلَاتُهُ,فَاِنْ صَلَحَتْ فَقَدْ اَفْلَحَ وَاَنْجَحَ (روى:االتّرمدي
“ Saestuna pangmimimtina anu bakal di hisab tina amalna hiji hamba dina poe Qiyamah nyaeta Sholatna, lamun beres sholatna maka nyata bagja jeung salamet”.[ HR. At Turmudzi 413 juz 2 kaca 271 ]
Penjelasan
Amal dhohir anu dianggap pang-unggulna ibadah nyaeta sholat. Kanjeng Rosul ngadawuh dina sapalih hadist anu pihartoseun nana ’’Sholat teh tihangna agama, sing saha jalma anu ngadegkeun sholat maka nyata manehna ngadegkeun Agamana. Sing saha jalma nu ninggalkeun sholat maka kaya-kaya manehna ngaruntuhkeun agamana". Jadi jelas sholat teh tihangna Agama, lamun Agama eweuh tihangan maka bakal ancur agamana.
Kumargi kitu, perkawis sholat kedah langkung diperhatoskeun. Tikawit susuci, tutup orat, praktek ibadahna tina takbiratul ihrom dugika aweh salam keudah apik, taluntik elmuna. Upami midameul sholat syarat jeung rukuna teu aya, berarti teu jadi sholatna.
Aya kisah di zaman Sahabat aya jalmi anu dhohirna tukang ibadah, tapi dina waktos pupus, Kanjeung Rosul ngadawuhkeun eta jalmi disiksa di jeuro kuburna nepika pasiksak awakna. Para Sohabat kaget, kumargi dhohirna eta jalmi teh tukang ibadah tapi Kanjeung Rosul ngadawuhkeun kitu. Sedengkeun dawuhan Rosul moal sulaya. Lajeung Sohabat tumaros ka Rosul “kunaon margina Gusti, kapan ieu jalmi teh tukang ibadah??” Waler Rosul, “ieu jalmi teh teu apik susucina, teu bener susucina”.
Kumargi kitu, peryogi pisan urang ngariksa peurkawis susuci bilih kalebet jalmi anu aya dina kisah. Sok sanaos tukang ibadah, tapi buktina dina jero pakuburanana di siksa akibat teu bener susucina.
Bagja jalma anu sholatna khusyu’. Khusyu’ anggota dipetakeun dina kakuduan nana, boh farduna atanapi sunatna.
Malah tampolana mun teu ngaraksa pasunatan, bisa-bisa ngadorong ngabatalkeun kana kafarduan. Lamun teu khusyu’ dina pasunatan, matak ngaganggu dina anggota anu wajib khusyu’na. Sahingga nimbulkeun batal sholatna. Dina masalah ieu, lain ngan saukur teu meunang pasunatan, tapi matak ngagugurkeun kafarduan. Janteun anggota badan teh keudah khusyu’, malah khusyu’na anggota, matak ngajamin kana khusyu’na hate. Sedengkeun khusyu’na anggota mah bisa di usahakeun, beda jeung khusyu’na hate.
Ari khusyu’ nyaeta tentremna anggota sarta hadirna hate, rasa diri di hadiran ku Alloh, rasa diri teh keur sholat. Aya keterangan, saenyana khusyu’ teh keudah di usahakeun, paksa hate keudah hadir ulah kamana wae. Tapi lamun teu sanggup dina sapanjangna sholat maka cukup khusyu’ dina 3 tempat:
1. Dina nalika ngucapkeun innii wajjahtu.
2. Dina ucapan iyyaaka na’budu waiyyaakanasta'iin.
3. Dina ucapan assalaamu alaika ayyuhannabiyyu.
Kitu oge lamun teu bisa khusyu’ dina salawasna sholat.
Margi ari sholat teh munajat ka Allah. Kusabab kitu, ulah malaweung anggahotana, ulah malaweung hatena. Ari munajat teh bubungahan, gunam catur ngarasa beutah, ngarasa ngeunah, mukallamah jeung nu dipikacinta. Nu matak ari munajatna hamba ka Allah Ku jalan “bittilaawati wal adzkaari", tegesna ku babacaan. Nu matak babacaanana sing bener, utamina dina rukun qaoli nu lima sing bener hurufna, sing kadenge panjang pondokna, sing bener dina metakeun tasydidna.
Ari munajatna Allah ka hambana nyaeta kujalan mere ngarti, mere faham dibukakeun tutup-tutup ati.
Mudah-mudahan urang sadayana, dibukakeun pintu ati ku Alloh supados tiasa ngalaksanakeun naon wae jalan pikeun sholat urang khusu’. Amiien
Tidak ada komentar:
Posting Komentar