Status hirupna manusa mangrupakeun ujian ti Allah pikeun berupaya nempatkeun diri dina amal prilaku anu leuwih alus, anu akhirna di qobul jeung di tarima ku Allah. Maka kudu nyicingan dina maqom saairiinjeung saalikiin anu keur leumpang nyukcruk ngajugjug Ilahi. Kukituna kudu di barengan jeung hate anu eling ka Allah. Pidawuh Hukama:
لَا تَمْشِ اِلَى مَعَ رِحَالِ قُلُوْبِكُمْ وَلَكِنْ ارْحَلْ إِلَى الْمُكَوِّنِ
“Maneh ulah rek leumpang kajaba bareng jeung leumpang inditna hate, tapi kudu leumpang menuju Alloh”.
Ulah eureun dina makhluk tapi kudu berangkat ti makhluk menuju Kholiq. Tapi, makhluk tempat awal berangkat hate menuju ka Allah. Amal anu kie bakal jadi wasilah di jemput ku Allah, linggih dina maqom waashilin anu tepi ka Allah. Minimal amal henteu di tolak tapi bakal di tarima tur boga ganjaran ti Allah.
Penjelasan
Manusa di umbarakeun ka alam pawenangan jagat gorobyangan saling aplusan. Ieu teh mangrupakeun ujian ti Allah. Dawuhan Allah dina suroh al-Mulk ayat 2:
اَلَّذِي خَلَقَ المَوْتَ وَالْحَيَاةَ لِيَبْلُوَكُمْ اَيُّككُمْ أَحسَنُ عَمَلًا
Si euweuh tadina tas euweuh tuluy ngajadi si aya di ayakeun ku Allah. Ieu teh ujian ti Allah pikeun berupaya berprilaku dina amal nu terbaik, lain pikeun poya – poya ngalajur nafsu ngumbar amarah nganteur kahayang. Tapi istuning pikeun bakti ibadah ka Allah Robbul ‘Alamin.
Fungsi manusa anu hirup ngan sakie-kiena teh pikeun ibadah ka Allah. Lamun teu make umur nu ayeuna, rek iraha dei umur anu di gunakeun jang amal ibadah ka Allah? Lantaran umur ayeuna nu ngan sajorelat mah bakal jadi panantuan di masa nu abadi. Engke mah geus lain waktu gawe, lain waktu amal, tapi waktu narima resiko.
Lain Allah butuheun kana amalna hamba, da Allah nu maha beunghar teu butuh ku amal hadena manusa.
مَازَادَتْ فِيْ مُلْكِهِ وَمَا نَقَصَتْ فِيْ مُلْكِهِ
“Amal hadena Manusa moal matak nambahan kaagungan Allah, amal gorengna oge moal matak ngurangan kana kaagungan Allah”.
Pikeun mosisikeun amal nuhade, anu bakal di makbul ku Allah teh nyaeta amal anu nyicingan dina makom saairin. Saalikin anu keur leumpang dina parentah Allah, nyukcruk ngajugjug menuju Allah. Awak lempang kontakeun jarum hate mayun ka Dzat Allah sambungkeun jeung Wahdatul Maojud, ikrarna saalikiin :
حَيٌّ مَقْصُوْدٌ لَا إِلَهَ إِلَّا اللَّهُ حَيٌّ مَوْجُوْدٌ , حَيٌّ مَعْبُوْدٌ , حَيٌّ مَطْلُوْبٌ
Ieu nyambungkeun hate supaya kontak ka Allah, ikrar ka Allah. “Ya Allah lolowong sa-srekna diri nu keur di cicingan. Ya Allah pamolah anu keur dilakukeun ku abdi dina waktu anu keur nyampeur kadiri abdi ayeuna estu tapak damel gusti, teu aya kumangkeun ngabogaan kakuatan diri nu Allah, teumpat nu Allah, nu nakdirkeun pamolah”. Lajeung ikrar deui “ Ya Allah dina pamolah anu ieu abdi seuja ibadah ka dampal Gusti, teu aya anu di ibadahan ku abdi salian dampal Gusti”. Nyambung kana wahdatul ma’bud, kemudian ikrar anu ka tilu “Ya Allah abdi midameul seuja tumut parentah gusti miwarang ka abdi tangtu geus katembong proyekna adalah mangrupakeun proyek Allah”. Kemudian terahir ikrar teu aya nu di piharep ku abdi kajabi abdi ngantos ridlo gusti.
Tah lamun lumaku didadasaran ku eta, diri ges aya dina makom saairiin, aya dina makom saalikiin. Lamun teu kitu, eta mah amalna masih aya dinamakom Ghopilin padu teuleunyeung teu nyambungkeun heula hate jeung Allah. Maka amal nu kitu mah bakal di tolak Ku Allah moal boga ganjaran. Point-point nu nembe, mangrupakeun syarat di tarimana amal ku Allah, nu diseubatkeun ku ikhlas tea. Dimana tos ikhlas, maka bakal meunang pitulung Allah.
أَخْلِصْ نِيَّتَكَ فَإِنَّ عَوْنَ اللَّهَ بِحَسَبِ نِيَّتِكَ
“Ikhlaskeun niat anjeun, pitulung Allah bakal bareng sarta anu ikhlas paniyatan nana”.
Bakal murubut barokah nu katarima ti Allah. Idzaa asyrokot bidaayatuhu asyrokot nihaayatuhu, dimana moncorong wiwitan maka bakal moncorong akhirna.Asyrokot bidayatuhu eta maa thulib tugas diri,asyrokot nihaayatuhu eta pertanggung jawaban ti Allah. Ulama Kubaro masihan papatah:
Ari masalah cicing, eta mah kumaha nu di asongkeun ku Allah. Lamun bae sirot nu di asongken ku Allah beuntukna ukhrowi, maka pek teumpuh ku jalan ukhrowi. Tapi lamun bae sirot nu di asongkeun ku Allah mangrupa beuntuk dunyawi, sabalikna kudu di teumpuh ku jalan dunyawi.
إِنْهِطَاتٌ عَنْ دَرْجَةِ الْعِلِيَّةِ إِلَى دَرْجَةِ الدَّنِئَةِ
Keur turun tina makom anu luhur kana makom anu reundah, hina. Lamun ku Allah di peurnahkeun beuntuk ibadah dina proyek dunyawi sapeurti kasab, dagang, tani, tuluy maneh hayang ngatur diri pindah kana makom mutajarridin pedah katembongna seunang. Akhirna manehna luncat sorangan ditinggalkeun eta proyek ibadah anu patali jeung proyek dunyawi neumpatkeun diri dina makom mutajaridin, etamah bisa-bisa termasukna ‘syahwatun khopiyyatun’, syahwat anu samar, syahwat anu katarumpangan jeung masih keneh kadorong ku kapeuntingan pribadi.
Kahade, dimana geus beres dina tujuan illallah meunuju mardlotillah, syetan teu weuleh rancing beurkecimpung milu impiltrasi kana hate boga syirik. Ieu teh ladang diri boga kakuatan, kamampuan leungit tina rasa meunang ku pitulung Allah, maka didinya kudu geuwat di konci hate.
لَا حَوْلَ وَلَا قُوَّتَ إِلَّا بِاللَّهِ الْعَلِيِّ الْعَظِيْمِ
Ieu teh estu ku pitulung Allah anu maha agung. Tos kitu eungke teurpanggil ku pidawuh Allah :
يَا أَيَّتُهَا النَّفْسٌ الْمُطْمَئِنَّة
“Hei hamba- hamba anu teuntrem hatena ku kami”.
Maka nu geus beres amalna minallah, alallah, Ilallah mah nilai nafsuna teh geus jadi nafsu mutmainnah, nafsu anu geus teuntrem, nafsu anu geus ngarasa betah ku Allah. Lamun tos kitu, maka ku allah bakal di persilahkeun.
إِرْجِعِيْ إِلَى رَبِّكِ رَاضِيَةً مَرْضِيَّةً, فَاادْخُلِى فِيْ عِبَادِى وَادْخُلِى جَنَّتِى
“Sok maraneh geura baralik, ku kami di dagoan ayeuna, maraneh rek baralik ka kami, maraneh rido mangeran ka kami, kami ge ridlo ka maraneh. Maka sok arasup kana rengrengan hamba kami, sok eusian surga kami”.
Aya papatah “pikanyaah diri sorangan ku diri sorangan”, da lamun teu ku diri sorangan mah ku saha deui. Pamudah mudahan ngalangkungan panggeuing ieu ngajadi panggebrag ati, nyaringna hate urang sadayana, sahingga timbul kasumangeutan hayang ngagunakeun umur estu hayang ngajugjug ka Allah. Da lamun urang ngadeukeutan ka Allah, Allah ge bakal deukeut. Sabalikna, lamun urang jauh ti Allah, maka Allah ge jauh.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar