Senin, 25 Juli 2016

Bagja Lara Sing Jadi Jalan Tambah Iman Kanu Maha Kawasa


KH. Khoeruman Azam
Miftahul Huda Mononjaya

Suratan Takdir ti nu Maha Suci ka manusa aya nu karasana alus, kupedah akur (sesuai) jeung naluri insan. Aya nu karasana goreng kupedah teu akur jeung naluri insan. Duanana wajib diimankeun yen papasten alus jeung anu goreng eta teh Minalloh.

أَنْ تُؤْمِنَ بِاللهِ .... وَتُؤْمِنَ بِالْقَدَرِ خَيْرِهِ وَشَرِّهِ مِنَ اللهِ تَعَالَى(متن السفينة النجا -12)

Karakter jalma dina menyikapi perjalanan takdir anu katarima :

1. Mun keur narima bentuk takdir nu alus jeung keur narima nu goreng dipake jembatan eling ka Alloh. Bagja eling, lara eling. Ieu nu pangalusna.

2. Ku pinanggih jeung takdir alus dipake poho ka Alloh, nyakitu deui keur narima takdir nu goreng. Bagja lali, lara lali. Ieu nu panggorengna.

3. Nalika narima takdir hade dipake eling, nalika narima takdir goreng dipake poho. Bagja eling, lara lali. Ieu goreng tapi rada leuheung.

4. Nalika narima takdir alus manehna poho, mun keur goreng jadi eling. Bagja lali, lara eling. Ieu ge masih leuheung.

Penjelasan

Sakabeh manusa pasti narima suratan takdir ti Alloh, moal bisa lepas tina ketentuan-Na. kadang-kadang pinaggih jeung nasib alus, kadang-kadang pinanggih jeung nasib goreng. Karasana alus teh pedah akur (sesuai) jeung naluri insan (lelembutan kahayang). Pinanggih jeung rasa senang, rasa bahagia, rasa nikmat, cumpon kabutuh, awak cageur, rizki jeung milik loba, usaha nanjung, pangkat naek, nu karasana teh takdir alus.

Tara salawasna manusa cicing dina nasib nu kitu, dina akhirna bakal jadi robah/beralih moal aya nu salawasna bisa mempertahankeun supaya rasa senang, bahagia, bungah tetep aya di diri. Ari ku Alloh dipengkolkeun mah moal bisa mempertahankeun.

Datang pinanggih jeung nasib goreng ceuk naluri, poe kamari pinaggih jeung rasa senang.. naha ari poe isuk pinanggih jeung rasa prihatin, lara, tunggara. Dina hate nu tadina geunah teh jadi perih karasana, akhiran susah.

Ieu tandaning aya nu ngatur nyaeta Alloh Robbul Alamin. Teu pilih bulu Alloh nangtukeun, teu jadi jaminan bahwa nu beunghar salawasna rasana bungah tur bahagia, nu luhur pangkatna teu jadi jaminan, anu leubeut pangaweruhna teu jadi jaminan, rata kabeh manusa kabagean rasa susah, rasa lara, rasa bungah.

Nu beunghar dibere milik sapoe lima juta ari kabutuhna saratus juta, teu rasa bungah. tapi nu faqir ku Alloh dibere milik sapoe saratus rebu ari kabutuh ngan lima puluh rebu, cukup jeung boga sesa, bungah eta nu faqir. Alloh Maha Kawasa, Alloh Maha Agung.

Rek bentuk takdir nu mana bae sing jadi pangjemput ti Alloh ngajadikeun :

أَنْ تُؤْمِنَ بِالْقَدَرِ خَيْرِهِ وَشَرِّهِ مِنَ اللهِ تَعَالَى
Imankeun yen qodar teh rek hade atawa goreng eta ti Alloh SWT.

Jadikeun pangjemput bahan eling ka Anjeunna, jadikeun alat taroqi/alat “naekna” diri mayun ka Alloh Robbul Alamin. Ku bungahna dipake syukur, ku pinanggih jeung rasa susah prihatinna dijadikeun sabar. Eta nu meunang pangjemput Alloh. Anu jaminan ti Alloh dimana menerima jemputan eta dijadikeun bahan Dzakiron Ilalloh eling ka Alloh, akhirna netepkeun diri dina syukur jeung sobar, surga disadiakeun ku Alloh pikeun eta jalma.

Pidawuh Kangjeng Rosul Saw. nu pihartoseunna :

“Saestuna Alloh moal ngasupkeun jalma ka surga, kajaba pikeun jalma anu sobar jeung nu bisa syukur ka Alloh”.
Ieu nu disebut bagja eling lara eling (pang alus-alusna jalma).

Nu panggoreng-gorengna jalma nyaeta nalika pinanggih jeung rasa bahagia, keur narima خَيْرِهِ: usaha lancar, milik gede, pangkat naek, awak cageur kalah teu dipake syukur ka Alloh, teu dipake eling ka Alloh, teu boga rasa ieu teh Anugrah ti Alloh, teu disambut ku syukur ka Alloh malah jadi ghoflah, kalah jadi fitnah ka dirina lain mawa kana jalan to’at, nu kieu mah akhirna bagja bakal mawa sengsara. Tuluy dimana pinanggih jeung lara.. usaha teu weleh rugi akhirna jatuh miskin, awak keur cageur jadi gering, keur boga pangkat aya nu nyepak, teu dipake eling deuih ka Alloh, kalah aral abrug-abrugan hatena, teu dibalikkeun ka Alloh, teu dileyepkeun ka diri, jeung teu sadar gening si lemah teh teu aya pangawasa teu bisa mempertahankeun ieu kangeunahan, kalah dipake kufuran ka Alloh. Teu jadi jembatan pikeun eling ka Alloh tapi ku kituna teh kalah dipake wasilah kana ghoflah ka Alloh, bagja lali lara ge lali. Ieu mah sengsara membawa kesengsaraan. Jadi double prihatin akhirna, prihatin dunia prihatin akherat.

Aya jalma teh goreng tapi leuheung, nyaeta nu bagja eling lara lali. Ari nalika pinanggih jeung rasa bagja ibadahna getol, naha nalika dibere kasusah mah jadi kabur hatena teh. Kokoloyongan neangan dukun, neangan pakuburan (umpamana), gagarayapan hatena neangan jimat, kana ibadah kebluk, tah eta bagja eling lara lali putus asa akhirna.

Aya nu goreng deui tapi leuheung, nyaeta bagja lali lara eling. Dibere bagja mah poho ka Alloh teh, boga perusahaan maju nepi ka lesot tina pangajian, lesot ti madrasah, lesot ti masjid. Padahal tadina tukang getol ka masjid (umpamana), getol ka pangajian, rajin ibadah ngan gara-gara maju usahana kalah jadi poho ka Pangeran.  Dina hiji waktu rugi deui, jatuh miskin ku kituna teh ngoloyong deui daek ka masjid, daek ka pangajian, daek hudang ti peuting. Leuheung eta mah, bagja lali lara eling.

Alloh mikadeudeuh ka hamba anu nalika menghadapi takdir Alloh ditarima jadi bahan deuheus ka Alloh, jadi bahan eling bisa sobar, bisa syukur. Alloh mikangewa ka jalma nu teu bisa sobar teu bisa syukur (naudzubillah). Dina hadis Qudsi didawuhkeun :

إِنِّي أَنَا اللَّهُ لا إِلَهَ إِلا أَنَا, مَنْ لَمْ يَرْضَ بِقَضَائِي وَلَمْ يَصْبِرْ عَلَى بَلاَئِي وَلَمْ يَشْكُرْنِي عَلَى نَعْمَائِي فَلْيَخْرُجْ مِنْ تَحْتِ سَمَائِي وَلْيَخْتَرْ لَهُ رَبًّا سِوَائِي
"Saetuna Kami Alloh nu teu aya deui Pangeran salian ti Kami, sing saha nu teu narima kana papasten Kami, nu teu bisa sobar kana ujian/bala’i ti Kami teu bisa syukur kana ni’mat ti Kami, pek geura kaluar ti kolong langit Kami, jung teangan pangeran salian ti Kami.

Dina hartos Alloh banget bendu, teu mikarido ka jalma nu kitu. Tapi lamun narima kana ketentuan ti Alloh, maka Alloh mikadeudeuh ka jalma nu kitu.

Tanda ning buleud mangeran ka Alloh, buleud pasrah tawakal ka Alloh. Geuwat balik hate, tekadkeun

لَا اِلَه اِلَّا ٱللَّه, لَامَوْجُوْدَ اِلَّاٱللَّه
Didieu kieu ayeuna, abdi tapak damel Alloh (ngajadi mu’min muwahhid).

Disisi lain, nalika keur narima takdir nu karasana teu hade, kudu bisa introspeksi.

Jadi dina memeh maca لَا اِلَه اِلَّا الله kudu bisa membaca diri yen Alloh teh memberi jalan upaya jeung ikhtiar. Dawuh Alloh SWT. dina surat Ar-Ro’du ayat 11 :

إِنَّ ٱللَّهَ لَا يُغَيِّرُ مَا بِقَوۡمٍ حَتَّىٰ يُغَيِّرُواْ مَا بِأَنفُسِهِمۡۗ ... الاية ١١

Bisa berupaya pikeun maca, naon yeuh pinangging jang diri dina وَشَرِّهِ, membaca kesalahan diri. Ieu mangrupakeun jalan eling ka Alloh, supaya lancar jeung terbiasa akhirna kedal lisan nu kadorong ku hate ngucapkeun اَسْتَغْفِرُ اللهَ الْعَظِيْم, yen ieu teh tina ladang kasalahan diri.

Pidauh Nabi dina Hadits Qudsi :

عَنْ أَبِي ذَرٍّ اَلْغِفَارِيِّ رَضِيَ اللهُ عَنْهُ عَنِ النَّبِيِّ صَلَى اللهُ عَلَيْهِ وَسَلَّمَ فِيْمَا يَرْوِيْهِ عَنْ رَبِّهِ عَزَّ وَجَلَّ أَنَّهُ قال : ...فَمَنْ وَجَدَ خَيْرًا فَلْيَحْمَدِ اللهَ وَمَنْ وَجَدَ غَيْرَ ذَلِكَ فَلَا يَلُوْمَنَّ إِلَّا نَفْسَه (رواه مسلم)
Dina nalika pinanggih jeung takdir hade segera sambut ku muji/syukur ka Alloh, ngan lamun pinanggih jeung takdir goreng eta mah ti diri anjeun.

Eta teh mangrupakeun adab-adaban/tatakrama, naon yeuh kasalahan diri?. Nalika geus kabaca kasalahan diri maka geuwat istigfar ka Alloh, terus ngarevolusikeun diri ku ngaganti kalakuan nu teu hade jadi hade mungguh Alloh. Dawuh Alloh dina surat Al-Baqoroh ayat 286 :

...لَهَا مَا كَسَبَتْ وَعَلَيْهَا مَا اكْتَسَبَتْ...

Maka, nalika keur narima kagorengan leuwih alus dirasakeun eta dosa teh tina ladang laku lampah diri, tah engke sangkan bisa ngarobah sikap ku jalan istighfar ka Alloh.

Numawi dina dzikir teh, sateuacan maca لَا اِلَه اِلَّا الله teh maca Istighfar heula, nembe tos istighfar maca لَا اِلَه اِلَّا الله.

Ieu sikap mu’minin anu bener-bener iman ka Alloh, bisa nempatkeun diri dina posisi terbaik mungguh Alloh, dina nalika kaayaan kumaha bae bisa jadi jembatan tambah iman tambah eling ka Anjeunna. Dawuh Alloh SWT. dina surat Al-Anfal ayat 4

أُولَٰئِكَ هُمُ الْمُؤْمِنُونَ حَقًّا ۚ لَّهُمْ دَرَجَاتٌ عِندَ رَبِّهِمْ وَمَغْفِرَةٌ وَرِزْقٌ كَرِيم
ٌ
Mudah-mudahan urang sadayana dijemput ku Alloh ngajadi hamba anu nalika tumiba rasa bagja atawa nalika keur aya pilara jadi eling ka Ajeunnna. Aamiin Ya Robbal Alamin.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar